Senin, 14 Oktober 2019

Kakurung Dina kaheman

Kakurung dina kaheman
(Terjebakdi zona nyaman)

                Fairuzfakhrana.wordpress.com

     Isuk isuk sumping,  kuring mimiti nyiapkeun sakola sapertos biasa.  Ayah kuring ngantosan kuring dihareupeun imah pikeun nyandak kuring dina motorna. "rin geura emam" suanteun indung kuring tos nyiapkeun sarapan sateuacan angkat kasakola teh kedah sarapan heula. "muhun mah" jawab kuring bari nyandak sarapan nu tos disiapkeun. "rini enggal lami lami teuing" suara ayah nu tos keuseuleun ngantosan kuring.
      Nyampak kuring disakola,  ayena mah teu dibumi teu disakola barudak teh kana harape wae, kusabab era digital ayena nu langkung maju sagala ge ayena mah tiasa ngagunakeun ku hape eta,  nu kadang matak hilap kana nanaon komo mun tos kenal kanu namina Game Online.
      Hiji waktos babaturan kuring nu namina Chandra eta kana hape wae na teh meni leukeun pisan,  pas ditingali tingali eta Chandra teh gening maen Game Online,  nuju belajar ge kadang mah eta Chandra dibangku pang tukang na teh sok nga game sangkirang guru nuju nerangkeun dipayun ge.
      Pernah kageunggeureuhkeun ku guru eta Chandra teh hayoh wae kana hape, sakali kuguru digeunggeureuhkeun eta Chandra rada teu ngoprek hape,  teu lami saatos digeunggeureuhkeun eta teh kalah kana hape deui tapi guru teu terangeun yen chandra ngoprek hp.
      Ku kuring ditempo tempo ari beuki dieu teh eta Chandra jadi tara ngagabung jeung barudak pameget dikelas, barudak pameget teh bingung naha Chandra jadi kitu, terpaku teuing kana hape. Barudak dikelas ge jadi beda eta ka Chandra teh da tiap poe nempo Chandra maen hape jeung kana Game wae.
      Ningali dina status wa, status ig,  eta nu di upload ku si Chandra teh pasti tentang game online. Miluan _turnament_, terus juara. Tapi dina kituna mah bisaan Chandra teh,  ngan salah na teh dina waktu ngapaenkeun na. Keur waktu diajar wae gen Chandra mah sok tara merhatikeun guru, guru geus digeunggeureuhkeun sabaraha kali oge teu sieuneun wae.
      Dina hiji poe kuring ngadangu barudak pameget dikelas teh ek arulin ka sindangkerta, kuring ngadenge barudak ngajak ka Chandra tapi nolak karna alasan nu rek _turnament_ Game na. Barudak didinya rada handeueul ka Chandra meni neupi ka mohokeun babaturan demi eta game.
      Dipoe ieu Chandra kana game na teh jadi beuki teu eta pisan kadang nempo si Chandra mun eleh nga game teh jiga nu stress padahal eta ngansauukur game wungkul tapi kalah jadi nu diutamakeun na.

      Barudak hayang Chandra teh ngagabung babarengan deui, barudak ngarencanakeun kumaha carana Chandra daek deui ngagabung babarengan, terus barudak kapikiran cara meh Chandra daek teh nya diajak mabar Game. Nya tidinya barudak pameget dikelas teh nyamperkeun Chandra rek ngajak mabar.
      Ari pek teh eta Chandra daekeun diajak mabar ku barudak, tidinya barudak teh jeung Chandra di jam istirahat mabar Game Online. Kebeneran di jam saengges istirahat guru teu masuk, izin aya keperluan terus masihkeun tugas.
      Dina hiji peting, nu diimah Chandraa geus pules sarare, tengah peting Chandra gandengg dikamar na teh, tah nu diimah rewas terus nempo ka kamar ari pek teh Chandra keur _kejang kejang_. Rarewass langsung ditangani ku cara nu tradisional heula samemeh dibawa ka rumah sakit.
     Dibawa tah Chandra teh karumah sakit singhoreng dina syaraf utak Chandra teh aya nu pegat. Mamah Chandra eta pingsan bari ningalikeun kondisi Chandra nu koma,  kabeh keluargana Chandra panik nempo Chandra ayna kieu kondisina.
      Barudak kelas ngalongok Chandra ka rumah sakit, guru guru ge sami ngaralongok ka rumah sakit jang ngamotivasikeun Chandra meh tong terpuruk teuing ku keadaan ayna, meh si Chandra bisa bangkitt deuii.
 Hampir opat bulan Chandra berobat jalan terapi. dibulan ka lima Chandra ngalakukeun kagiatan sakola deui saperti biasaaa. Bari manehan na teh mulaii hirup saperti biasa teu terpaku teuing kana hape terutama kana game nu matak kondisi Chandra ayna kieu. Maneh na kapokk nu tadi na waktu istirahat kudu dipake bobo ieu kalah kana game jadi ngariripuh awak sorangan jeung kolot na oge.

By:rinimutirani

Narkoba Ngarusak Rumaja

Assalamualaikum wr.wb
Sampurasunnn. 


  Simkuring bade nyaritakeun carpon tentang “ NARKOBA NGARUSAK RUMAJA “, tapi sateuacan eta simkuring bade ngajelaskeun naon nu di magsud narkoba.
  Lamun urang ngobrol ngeunaan pikeun bahaya narkoba? Saban dinten, tangtos wae urang sapopoe pastina seueur pisan sasarengan sareng seueur jalmi. Komo deui kanggo pikeun umur rumaja, saleresna emang kedah diseueurkeun interaksi sareng jalmi kanggo ngalatih sikap sosialisasi.
  Nanging naon jadina lamun rumaja jaman ayeuna seueur anu katagihan kana naon anu ngaranna narkoba? Narkoba nyalira singkatan tinana narkotika, psikotropika, sarta obat obatan anu dilarang. Seueur pisan conto narkoba ieuteh, contona Morphine, Heroin, Cocaine, Ekstasi, Ganja atawa Marijuana, Shabu  sarta seueur keneh deui rupina.
Bahayana Narkoba
  Sagala rupa conto narkoba anu di sebatkeun di luhur, henteu kenging di konsumsi, komo deui nepi katagihan. Larangan eta aya margi hiji alesan nana, salah sahijina nyaeta narkoba tiasa ngabahayakeun fisik urang.
  Narkoba tiasa ngarusak jantung urang, margi sifatna anu matak katagihan, narkoba lalaunan ngarusak sistem saraf pusat. Nanging teu eureun didinya, narkoba oge tiasa ngaganggu wartos urang jang sosialisasi.

NARKOBA NGARUSAK RUMAJA
“ Tittt… Tittt… Tittt…” sora alaram rudi si sada nunjukeun jam 05.00 janari, bari lulunguh keneh rudi cengkat papah ka wc nyandak cai hudu, saatos hudu rudi langsung solat subuh di sambung ku maca al-quran.
  Beres maca al-quran rudi langsung mandi beberes buku, nyiapkeun acuk, kanggo angkat kasakola. Rudi murid kelas XI IPS 6, di sakola na rudi kaasup siswa nu ngagaduhan prestasi, rudi sakola di sakola anu kasohor murid na balangor nyaeta di SMAN 74.
  Rudi beres make bajubodas abu langsung ka tempat sasarap, rudi nyapa mamah sareng bapana, “ pagi mah.. pa..” bapa rudi seuri ka rudi, sapaan na di waler ku mamh rudi “ ehh pagi rud “ mamah sareng bapana rudi kaasup jalmi anu sibuk,.
  Saberes sasarap rudi langsung mangkat ka sakola jam 06.45 kusabab caket rudi mangkatna rada beurang, nepi ka sakola jam 06.55.
  Nepi di sakola, rudi di tepak ku para sobatna nyaeta wawan, angga, uni, sareng sopi, maranehna ka kelas bareng.
  Dikelas rudi, wawan, angga, uni, sareng sopi nyarioskeun tentang si imam sareng balad na kelas XI IPS 4, si imam sareng baladna kacida bangorna, tepi ka pernah aya kasus pengeroyokan ka budak SMA 76 musuh bubuyutan SMA 74, nu ahirna si imam di bui saminggu, salain eta si imam oge osok nyabu sareng barudakna.
  “ Tringgg… Tringgg… Tringgg… “  teu lami datang pa guru, beres diajar jam kloter kahiji  beres waktu di ajar waktuna jam istirahat kahiji.
    “ ehh apal teu?? “ saur sopi, “ naon naon?? “ saur angga,  “ etaa tadi urang nempo si imam jeung barudakna keur ngaroko di wc anu di juru “ saur sopi, “ ahh anu bener opi, moal mungkin si imam jeung barudakna wani ngaroko di sakola, apan aya cctv 24 jam di sakola teh “ saur uni, “ ahh teu appall da urang ge nempo na susurumputann sieun kapangiheun “ saur sopi.
  Pas uihan rudi sareng rerencangan na ngarumpul nyarioskeun deui si imam, sopi mere saran si imam the di bejakeun ka guru BK, tapi wawan teu satuju, soalna teu aya bukti, waktos atos sore, rudi sareng barudakna marulang.

  Aya bocoran rek di ayakeun rajiaan dadakan, imam reuwas kusabab manehannana nyandak sabu, barudakna mere saran sabuna di pindahkeun kana kantong batur, sasaran na nyaeta rudi kusabab rudi budak bageur.
  Pas waktu jam istirahat ka dua waktuna solat lohor, kelas rudi kosong teu aya sasaha ku saba sarolat, imam sareng rerencangan na titingalian ningali situasi bisi aya guru atawa murid anu ningali.
  Imam langsung lebet ka kelas rudi, imam langsung kalebet kelas ngalebetkeun sabu kana kantong rudi, sapalih di luar ngajagaan, tanpa sadar kalakuan imam sareng rerencangannana ka rekam cctv anu aya di kelas rudi.
  Solat lohor beres, waktosna rajia dadakan, hiji hiji kelas di pariksaan, bagean kelas rudi di pariksa, rudi nyantai ku sabab rudi ngarasa manehna teu nyandak barang anu dilarang di candak ka sakola.
  Rudi kapayun nyandak kantong na, kantong rudi di pariksa, salah sahiji guru mendakan sabu di kantong rudi, rudi di taros ku guru, rudi bingung sabab teu terang naon anu aya dina kantong, rudi dicandak ka ruang BK di tarosan sagala ku wakasek sareng ku guru BK na.
  Wawan, angga, uni, sopi teu percaya rudi nyandak barang haram kasakola, kusabab maranehna terang persis kumaha sifat rudi, ahirna angga ngajak baladna ningali ka ruang wakasek, maranehna menta izin jang ningali cctv anu di kelas, dina cctv eta katingali jelas yen si imam ngalebetkeun sabu kana kantong rudi.
  Wawan, sopi, angga, uni langsung lumpat ka ruang BK sabari nyandak kopian cctv, jang ngabuktikeun yen rudi the teu salah, di ruang BK tos aya mamah bapana rudi, katingali pisan ku uni mamah bapana rudi katingali kecewa.
  Ahirna angga ngajelaskeun ka guru BK sabari ningalikeun kopian cctv yen saleresnamah rudi teu salah, imam sareng rerencangan na di panggil ka BK, maranehna di taros ku BK tentang kajadian eta tapi maneh ngelak, imam di tingalikeun kopian cctv, imam sareng rerencanganna tungkul da ngarumasakeun salah, ahir na imam di serahkeun ka pihak berwajib, imam sareng rerencanganna di kaluarkeun di sakola katambahan di tahan ku polisi sababaraha taun. TAMAT

Pengarang : Diffa Rama D

HARTA TEU NGARUH KANA PRESTASI


                    Ibnufajar75.wordpress.com
Aya di hiji lembur keluarga anu kahirupan kurang mampu,budak na disakolakeun di hiji SMA budakna sok dikucilkeun ku Baturan sakelasna ku sabab manehna teh jelema kurang mampu jadi dijarauhan.
   Nina teh murangkalih anu introvert Nina teu tiasa konsentrasi, tapi rerencangan nu normal teu tiasa ameng sareng nina,tapi aya hiji rerencangan anu hoyong ameng sareng nina nyaeta Nani.
   Nani teh rerencangan caketna nina.boh bade di sakola Atanapi di bumina,duaan eta sok ameng salasahiji poe di sakola nju di ajar ngagambar sareng kabeneran Nina teh teu tiasa ngagambar Nina langsung nyobain ngagambar
   Teu Lami ibu ningali gambar Nina, ibu eta langsung rewas sareng teu nyangka ningali gambar nu buatan nina anu can pernah katingali ku ibu
   '' Nina diajar ngagambar di sha''ibu guru naros ka nina.Nina gogodeg mastakana,teu ngaku bahwa eta kenging ngadamel anjeunna
   Poe isuk na ibu guru ngawartosan ka mamah na nina,mamah na nina oge aneh naha Nina teh bisa pinter ngagambar padahal Nina teh teu ngiringan kursus ngagambar
   Sababaraha Minggu Aya perlombaan ngagambar di madrasah,Nina langsung di lebetkeun ku ibu guru sina ngiringan lomba ngagambar.
   Steuacana Seseerna  Babaturan Nina  anu ngahina Nina anak introvert pipikiran ceuk  babaturana anu ngarana anak introvert teh teu bisa ngagambar cenah namah sareng asa moal mungkin acara ngagambar ieu moal kenging ku Nina saur babaturana
   Tapi sadaya  anu araya didinya boh anu tadi ngahina ka Nina  teu percayaaeun anu kenging  lomba teh nyaeta Nina ,Tah didinya babaturan na asa teu nyangka Nina kenging.
   Teu Lami  si Nina teh meunang hadiah,hadiah na nyaeta nina bade di candak lomba ngagambar sakabupaten,Nina didinya langsung bungah Jeung teu kabayang seneng hatena Nina.
   Sababaraha poe deui Nina teh terus di ajar ngagambar  heula ameh engke di lomba sakabupaten teh ameh biasa sareng moal bingung ku pedah seeur pesertana
   Nina teh saacana lomba di mulai nyaeta sholat heula sareng tos sholat ngadua supaya di pasihan kalancaran sareng dipasihan ka kakengingan dina acara lomba sakabupaten ieu
    Dina poe minggon lomba ngagambar sakabupaten di mulai,Nina peryogi peralatan pensil buku gambar Jeung krayon saacana ngagambar Nina ngadua heula supados kenging
    Teu lami acara ieu rengse alhamdulilah dina acara ngagambar sakabupaten ieu langsung di sebutkeun juara ka hiji sareng ka dua katilu nu di sebutkeun ti juara tilu heula nyaeta Aurel ka dua nyaeta Renata jadi juara ka hiji nyaeta Ninaaa
   Alhamdulilah Nina tiasa kenging Dina lomba ngagambar sakabupaten Jeung lanjut katingkat provinsi Nina oge bisa ngelehkeun dua puluh anak Jeung jadi juara Kahiji nyaeta Nina
   Jadi babaturan Nina Ges loba,nu tadina ngahina Nina ayeunamah tiasa sasarengan sareng babaturan nina
   Nina oge moal ngarasa sorangan deui,babaturan Nina oge resep bisa Ameng deui Jeung Nina kusabab bisa ngagambar babarengan.
   Henteu sapertos kapungkur kapungkur na anu ngajauhan Nina seuer ku sabab gaduh panyakit introvert
   Pernah hiji poe nina dipoyok bebeakan nepika nyeredet kana hate pedah Nina boga panyakit introvert Sareng saena teh eta Nina ka babaturan na Tara seeur nyarios Ngan saukur ngaduakeun kanu jadi babaturan sina ulah nyaris kitu
    Kapungkur ge  Nina pernah di ajakan ameng  tapi ceuk babaturan anu hiji deui nateh ulah ngajakin si eta lah geuleh,padahal didinya teh aya sobat na Nina nyata Nani
   
Hikmah na carita nu di luhur nyaeta :Kabeh oge pasti boga kakurangan tapi dina kekurangan eta Aya kalewihan anu luar biasa anugrah di allah anu maha kuasa.


Nadi Febrian

NINGALKEUN KALANGKANG


"Ningalkeun kalangkang"


https://www.google.com
    Murid SMA nyarioskeun yén murid anu sok diajar biasa disakola "Rifal namina"sakelas sareng murid anjeunna.Pangbangorna dikelas  saurna pamimpin geng motor anu paling dipikaresep"Rafi namina".
   Rafi  pédah ningalian Poto Poto dina telepon sélulérna sareng rerencanganna di geng motor, panasaran ningali anjeunna anu pesaing poto sareng naros. " Fi poto saha?" Tanya saingan. "Anjeun geng komunitas motor Kuring".
      "Ohhh kumaha Fi ?" "Ngaraos geng motor, kuring mah sok balapan sareng tiasa ngadamel artos langkung saé éta ngan ukur balap motor." saur Rafi
       Sae anu saena, kuring mimiti sigana ngalakukeun éta, "saur sainganna." Abdi nyarios Heeh henteu sok nyandak beus komunitas Kuring sareng ati-ati henteu disarios ka kolot kuring anu henteu acan tiasa turun murag ampir aman kanggo jalan di jalan ".
    "Oh enya  hayyyuuuuu  pikeun komunitas deui." "Tapi anjeun bakti ka masarakat kami éta lengkep tanpa kaayaan, éta kedah dilakukeun deui," saur Rafi. "Tah kumaha tah?" Ningan kasuding pangharepan.
      "Janten, anjeun kedah trek trekan dijalan  anu ges dirumuskeun ku kuring". "Ohh ......." saur ningan na. "Janten kuncén anjeun nyaéta kedah ngempelkeun anu diperyogikeun sareng anggota énggal anu parantos dilakukeun tanpa syarat".
      Ketua  enya siap (Rafi) kuring siap ngalakukeun "hak kuring ayeuna  ngan ukur ngenalkeun kuring Rafi mangrupikeun presiden geng motor, janten kuring pupuhu umur 3 janten anjeun tiasa ngucapkeun kuring nyebatkeun hiji pamimpin senior.
      Sok ayeuna ngenalkeun anjeun ka ngaran anu sanés ampir langkung terang anu teu terang sareng teu tiasa terang teu aya anu aya nanaon.rengse ngarenalkeun namina masing-masing ku sarat kuring langsung leubeut tanpa syarat.
     Kondisi anu kedah dilakukeun nyaéta barudak kedah ngumbara ngurilingan jalur dimana kuring tiasa gandeng ku ayana geng motor jalanan,  "Kuring pamimpin sareng kuring éta awéwé séjén," saur Rafi Hiji anggota parantos resep ngalacak jalan sadaya jalan,
   Sésa-sésa jalan anu kuring henteu resep nalika kuring, anggota telepon Rafi langsung ngantunkeun tèh.  Teu lami geng na masih bisa baralik da efek trek  peting.ari pekteh siketua ninggalkeun anggota tanggung henteu tanggung jawab acan.mulang ka imahna panik da sieun kapendak mamahna tea ,langsung ngebut dijalanna.
      Saatos dugi dibumi sirifal langsung mangkat ka sakola langsung emam.tos kaberangan  langsung mangkat  ka sakola.disakola, rafi pang  awalna tina rifal, tapi biasana sok kaberangan rafi.
      Sararaat geng, nu ditawarkeun ku Rafi. "Fal Abi  ngingeutan gabung jeung anggota  trek trekan, anjeun tiasa memenangkeun acia 10 juta, kauntungan  gede amun ngilu gabung.
      Jeung hiji hijina  merek jeung leubeut motor."Oh, kitu fi, ceuk hate mah"lumayan amun Kuring bisa menang eta balapan tiasa ngabiayaan diri sorangan Jeung adi adi kuring" .ceuk Rifal
        Tahan jalan babarengan nalika ningali pangrojong rifal musuh siap. Anu seueur sareng henteu tiasa museurkeun awéwé anu nganggo pakéan ogé, sareng ngajantenkeun anu tiasa dibayangkeun.
        "Teu heran bos penting dina awéwé ieu ti awéwé anu disebut wengi, boss anu leres," saur anu ningan. "Nya, ayeuna urang kedah ngalakukeun ayeuna pikeun kéngingkeun,"
         Saur Rafi dimimitian dina gs 1 2 3 sareng Rafi ngalempar saingan saingan. Anu akhirna pesaing nyaéta saingan utama pikeun menang hak meunang geng éta 10 juta barudak.
  Gening terus langsung nyandak 10 juta teras dibagi pikeun ngabagi anggota. "Eh, naha henteu bos, sareng urang sorangan?" "Anjeunna henteu terang naon anu teu kedah dilaksanakeun ku jalma-jalma anu parantos disatujuan, "saur pupuhu.
       Ngan ukur lamunan sareng ningali aksi sareng ucapkeun yén kuring jangji kuring moal milu geng motor atanapi anu sanés deui, sareng kuring langsung asup sareng kaluar geng motor.
       Sareng saingan henteu badé nginget deui adegan sareng langkung milih fokus kana diajar sareng ngadorong kolot diajar di merit sakola maranéhanana. Akhirna ningan unggal dinten hirup unggal dinten, biasana.
Tamat...

Permata

Jaruji Maseuk Diri


Jaruji maseuk diri

Carita ieu kawitna di salah sahiji sakola SMA anu kasohor alusna dinu ngajarna. Kring kring kring~~ sora bel nandakeun yen barudak kudu lebet ka kelasna masing masing.
  Kuring pas kawitna lebet ka kelas kuring bingung kusabab di kelas kuring teu aya anu di pkakenal ku kuring.
  Teu lami ~~kring kring kring~~ suanten bel tandana istirahat. Waktosna istirahat kuring angkat ka kantin nyalira,teu lami kuring patepang sareng kaka kelas nyaeta rerencangan skuring kaleresan rerencangan kuring teh tatanggi dibumi
  Kuring ge teu nyangki rerencangan kuring teh sakola didieu. Teras kuring teh jadi aya batur pami bade kamana mana teh henteu nyalira wae.
  Teras kuring teh diajakan ku rerencangan ka 1 tempat parkiran motor didinya seueur barudak sakola anu keur ngararoko.Aya oge barudak sakola sejen anu ngiiring kempel di tempat eta.
  Saatos kuring diajakan ku rerencanngan kuring ka tempat eta kuring dikenal kenalkeun ku rerencangan ka barudakna,kuring kawitna sieun ka tempat eta teh da ningali barudakna jiga anu garalak.
  Tapi saatos dikenal keun kuring lepat sangki ka barudak eta teh da padahal mah hente garalak ngan saukur dinu rupina hungkul jiga nu garalak. Saatos karenalan sareng barudak eta kuring wengina di ajakan ameng ku barudak.
  Teu lami barudak teh nyamper ka bumi, 'Koh.Hayu ameng ka luar' kuring mangkat kaluar bari teu wawartos ka pun biang. Saatos kuring diajakan ameng wengi ku rerencangan sareng barudak kuring diseuseulan ku pun biang kumargi kuring teu wawartos ka pun biang bade ameng wengi.
  Pas enjingna kuring sakola, teras aya nu ngajakan mabal sakola nya eta rerencangan kuring. Teras kuring teh nolak ajakan ti rerencangam kuring teh kumargi kuring nyaho etateh kalakuan anu goreng.
  Teras rerencangan kuring teh keukeuh hayoh wae ngajakan mabal sakola bari kuring di ancam. Kuring jadi hoyong ngiring mabal sareng rerencangan kuring da ngadangu eta ancaman nana.
                   Tanggaislam.blogspot.com

  Teras kuring di candak ka 1 tempat deui nyaeta tempat kosan didinya seueur deui barudak nu marabal sakola. Kuring ngarasa teu ngeunah rarasaan kumargi kuring ngalakukeun hal anu goreng.
  Teras rerencangan kuring nyamper keun kuring bari nepak kanu punduk kuring bari nyarios 'ngges ulah di pikiran kalem keun we, moal nanaon iyeuh' kuring cicing we bari seuri. Teu lami rerencangan kuring nawar keun roko ka kuring teh,kuring hoyong we ngaroko da ningali batur ngararoko teras bade ngaraosan kumaha sih rasana ngaroko teh
  Kawitna kuring teh di salengseri keun ku barudak teh da Margi kuring teh teu bisa ngaroko da nembean ngaroko. Saentos kuring nyobian ngaroko kuring  cicing di kosan dugi ka bubaran sakola.
  Teras teu lami kuring wengina di ajakan deui ku barudak sareng rerencangan kuring ameng kaluar deui da pedah malam minggu tapi ayeuna mah kaluarna bade ka tempat kosan deui. Teu lami kuring di jemput deui ku rerencangan ka bumi, kuring buru buru kaluar bari teu ngawartosan deui ka pun biang bade kaluar kumargi lamun kuring wawartos ka pun biang sok tara di widian kaluar wengi.
  Saatos dugi ka tempat kosan rerencangan ngarencanakeun hoyong ngayakeun pesta mabok mabokan tapi kuring nolak, nanaonan ngiringan nu kararitu barudak sareng rerencangan keukeuh hayoh we hoyong wae jadi eta pesta mabok teh. Teras rerencanga kuring kaluar kanu motor 2an jigana bade meser caina.
  Teu lami rerencangan anu 2an tadi dongkap bari nyandak 4 botol cai. Barudak Atos teu salabaren, teu lami botol nu ka 1 di buka kuring ningali keun we. Teras rerencangan kuring teh nawisan ka kuring , kuring nolak. Teras kuring di paksa kudah nginum eta cai, kuring kapaksa nginum eta cai.
  Teu lami acara eta beres, mastaka kuring ngarasa lieur kacida kuring teu bisa nanaon ngan kur bisa cicing we hungkul, teras kuring kasarean dugi ka enjing,teras enjingna kuring gugah da pedah aya sora anu utah utahan, jiganamah eta rerencangan kuring anu kamari nginum na loba teuing dugi ka utah utahan.
  Teras kuring uih ka bumi kanu angkot da rerencangan kuring talepar,di lebet angkot ngambeu awak kuring bau cai alkohol, di perjalanan hate kuring ngarasa teu ngeunah.
  Sa atos dugi di bumi kuring buru buru lebet ka kamar buru buru gentos acuk da bisi kapendak ku pun biang sareng pun rama. Teu lami pun rama dongkap ka bumi bari ningali ka kamer kuring teras pun bapa ngambe bau cai alkohol. Kuring di carekan pedah kuring Kapanggih mabok teu lami pun biang dongkap ka bumi bari naroskeun ka pun bapa aya naon
  Pun rama ngawartosan ka pun biang, pun biang nyeuseulan ka kuring bari ceurik kuring ge jadi miluan ceurik ku sabab kuring sok tara kuat ningali pun biang ceurik. Teu lami kuring ningali pun rama nyandak tas teras ngabus ngabus keun acuk simkuring kanu tas, teras simkuring di usir di bumi simkuring ceurik bari menta hahampuraan ka pun bapa sareng pun biang pun rama saking emosi na maksa simkuring angkat dibumi
  Simkuring menta tulung ka rerencangan kuring supados kuring bisa sare di bumina rerencangan kuring nolak bari inditt simkuring jadi teu boga deui sasaha. Rerencangan teu aya, pun rama ngusir kuring di bumi. Simkuring jadi nalangsa, teu lila polisi datang teras newak kuring polisi nyangkana kuring teh gelandangan jalanan. Kuring di bawa ka kantor polisi bari di tahan simkuring bingung rek menta tulung ka saha deui,kuring tos teu gaduh sasaha deui ngan saukur tiasa ngaraosan kasedih.