Senin, 14 Oktober 2019

Kaduhung

Kaduhung
Dadas

Ilustrasi/MTVN/Syahmaidar

  Nepangkeun  ieu kuring pian anu kantos jadi pecandu narkoba. Ieu pian nu baheulana teu bisa leupas dinu ngaran narkoba, tapi kuayana hiji kaajaiban, pian bisa sadar deui yen baheula pian ngagunakeun narkoba teh salah, nyaeta dukungan ti kolot jeung keluarga pian.
3 taun katukang, pian karak nyaho nungarana narkoba, tuluyna pian nyobaan sakali dua kali nepikeun ka teubisa lepas tinu ngarana narkoba.mimitina tina sok ngaroko, tuluy nangkring bari nginum nginuman nu teu pararuguh, tuluyna ngobat atau ngadahar oobatan teu pararuguh, nepika anu araraneh wae makena dicobaan nepika kacanduannana. Barudak, sing bisa jadi conto ayeuna ka pian. Pian mimitina ge kur cocoba, sangkan hayang luyu jeung zaman.
Pian mimiti gaul jeung narkoba teh kapungkur pas kelas 1 SMA semester dua, pian harita sok ngilu ngariung jeung barudak di waung bi kokom, biasana pian jeung barudak sok ngumpul unggal poe balik sakola biasa we kitu udud, ngopi, jeung ngobrol. Kadang mah sok poho waktu. Pian balik ka imah paling surup panon poe, tuluy mandi, solat, dahar, tuluy indit deui ka warung bi kokom.
Poe ka poe, minggu ka minggu, bulan ka bulan, teu karasa pian beuki robah. Nu tadina tara mabal jadi sok mabal, nu tadina udud jeung ngopi jadi udud jeung nginum miras, nepika pian tara balik ka imah.
Pian baheula sok ngababarikeun ka kolot menta duit jang meuli barang haram. Sagala cara jeung sagala alesan sangkan dibere duit ku kolot keur meuli barang haram eta dilakukeun, nepi kaduit SPP pernah, malah mineng pisan dipake meuli nukaritu kusabab pian geus kacanduan pisan, malah nepi ka teu eling mun ceuk zaman ayeuna mah sakau tea ngarana.
Beuki lila beuki lila pian teh beuki malaweung, mineng dibere surat panggilan ti sakola jang ka kolot pian. Tapi, ku pian tara di tepikeun ka kolot pian, ku sabab sieun kanyahoan duit SPP tara di bayarkeun kasakola.
Hiji mangsa guru pian datang kaimah, pian teu apal aya guru datang kaimah, da kusabab pian mah tara aya diimah paling balik ge pian mah menta duit, bari jeung tuluy indit deui. Ari harita pas pian balik, anu maksudna rek menta deui duit ka kolot, malah dicarekan jeung katanyaan kieu, pok teh mamah pian nanya “ pian ari artos nu ku mamah di pasih kanggo SPP kamanakeun?” tuluyna pian ngajawab bari jeung rewas “ nyaduka atu mah, pian mah sok langsung dipasihkeun ka petugasna” bari pian teh ngaleos we ka warung deui.
Di bi kokom, pok pian di tanya ku uki “pian naha maneh teh lila, ieu barudak geus ngadaragoan maneh” ku pian teh di jawab we “hampura barudak, pian ayeuna teu dibere duit deui ku kolot, sabab kolot pian geus nyahoeun duit SPP tara di bayarkeun” pok uki nembal “ih maneh mah da, jadi keiu we ayeuna mah urang boga ide kumaha lamun urang nyobaan maling we ayeuna mah?”. “ah urang mah embung ngilu nu karitumah, fatal soalna” ceuk abdul, babaturan pian nu hiji deui. “nyaengges we moal ngajak nu embung” pok teh uki bari rada nyentak.
Poe jumaah, pian jeung uki teu jumaahan. Kadon cicing di bi kokom, tuluy teh kaingetan pas peting rek ngalakukeun hiji kalakuan anu goreng. Pian jeung uki neangan mangsa, pas kabeneran aya motor nu ngagoler teu di konci leher, di masjid. Jigana eta motor teh salah sahiji motor anu ker solat jumaahan, jadi kieu uki nu gawena ngawas kaayaan sakitar jeung nungguan motor pian. Pian we nu gawena nyokot eta motor, tapi nuakhirna rencana ieu teh gagal kusabab aya nu nenjoeun pian nu keur markirkeun eta motor, bari pas kabeneran jumaahana geus parat, tuluyna we pian inget keneh harita rek di gebugan warga tapina kaburu di amankeun ku RT satempat tuluy di laporkeun ka polisi. Nu akhirna pian di bawa ka kantor polisi.
Di kantor polisi, pian di tanyaan ku polisi pian teu bisa ngalawan jeung pian ngarasa nya da emang salah sih, tapina pian oge di titah tes urin nu akhirna kapanggihen salah sahiji nu ngagunakeun narkoba. Tuluy pian di titah nelepon mamah pian, nu akhirna mamah jeung bapa pian datang. Mamah pian anu ceurik bari jeung teunyangkaeun pian kieu. Bapa pian nanya ka pa polisi “ pa punten, kunaon ieu murangkalih abi tiasa lebet kantor polisi?”. Pa polisi langsung ngajelaskeun “ pa ieu murangkalih bapa teh, kapergok bade nyandak motor anu jamaah mesjid di daerah cicaheum, sareung ieu murangkalih teh tos di tes urin nu hasilna positif ngagunakeun narkoba.” Tuluy atu mamah pian ngajenghok jeung ceurikna beki tarik. “ janteun ayena mah ti kapolisian bade nyuhunkeun widi ieu murangkalih bade di candak ka tempat rehabilitasi” ceuk pa polisi teh, bapa jeung mamah pian pasrah da bade kumaha deui “ muhun mangga pa” pok bapa pian. Tuluy we pian di bawa ka sel sementara.
Isukna, pian di jajap ka tempat rehabilitasi ku bapa jeung mamah pian. Pian ngarasa kaduhung pisan, sabenerna mah teu tega ningali mamah pian anu ceurik wae. Tapi da kumaha deui kedah kieu meren. Pian di cicingkeun di tempat rehab anu jauh ti patempataan imah kolot pian.
Minggu minggu mimiti pian di tempat rehab pian mineung  sakau, tapi pian di bere vitamin ku petugasna sangkan pian bisa tenang tuluy sare, tapi pian sok oge mikir pian taun isuk teh kelas 12 nu kuduna aya di luar tempat rehabilitasi, tapi cenah mah pian teh di kaluarkeun ti sakola, jeung lamun arek sakola deui teh kudu mimitian deui ti kelas 10. Pian jadi ngarasa kaduhung pisan kusabab, ayeuna mah pian teh eweh nu merhatikeun deui, jeung masa depan pian ruksak sabab narkoba. Nu padahal mah mamah bapa pian sok aya ngalongok ti kajauhan tapi pian teunyaho.
 Teu karasa geus 4 bulan cicing di tempat rehab, sesa pian cicing ti tempat eta kur 1 bulan deui. Pian geus biasa ayeuna mah henteu make nu karitu deui, alhamdulillah. Pian geus teu sabar hayang papanggih jeung mamah anu sabar pisan ku kalakuan pian anu kieu.
Poe ka poe ku pian teh di isi ku hal positif, nepi ka ayeuna poe pian biasa balik kaimah. Pian ngantosan mamah jeung bapa di kantorna. Meni asa lila teh ngantosan mamah jeung bapa pian datang. Pian mikir boa boa mamah pian moal datang kitu. Pian geus ngarasa sedih pisan tapi, teu lila ti pian mikir kitu torojol teh mamah pian bari jeung nyambat pian nu katenjo bungah ningali pian bebas, beres di rehab. Pian pamitan we jeung petugas didinya tuluy we balik ka imah jeung kolot pian.
Pian nepi ka imah, pian di sambat ku keluarga pian, pian mikir sugan teh geus eweh nu nyaah ka pian, nyatana teh loba keneh nu nyaaheun ka pian. Pian beuki mikir jeung ngaras kaduhung pisan. Pian teh geus ngecewakeun loba jelma anu nyaah ka pian. Pian teh langsung menta ngahampura ka mamah pian jeung ka bapa pian tuluy we ka kabeh keluarga pian.
Geus 2 poe pian nganggur di imah, pian ditanya ku bapa “pian bade neraskeun sakola moal?”. Nyaatu pian teh asa hudang deui semangat pian anu pernah mikir masa depan pian geus ruksak. Bapa pian nanya kitu langsung we pian nanya kieu  “pa, kan pian teh tos di kaluarkeun tisakola, nu akhirna pian lamun bade lebet deui sakola pian kedah uihan deui ti kelas 10” tuluy teh atu bapa pian teh ngajawab kieu “ kieu pian, mun bade lebet deui sakola pian hoyong ngalajeungkeun sakola pian masukna ka paket C”. Pian teh bungah pisan we ari kitu mah. Terus teh bapa pian ngadaftarkeun pian, teras pian ngamimitian sakola deui minggu harepna.
Mimitian sakola pian. Pian geus janji ka diri sorangan pian moal deui deui kos baheula. Pian rek robah bener-bener robah. Pian mah geus ngarasa kaduhung pisan ngecewakeun keluarga pian ku masalah narkoba.
Pian sanggesna ngalaman jadi manusa nu teu guna, pian ayeuna mah alhamdulillah balik deui ka pian anu insyaallah bisa ngabanggakeun deui kolot pian anu pernah ngarasa terpuruk boga budak jiga pian.
Bisi diantara balarea aya nu jiga pian asa nu geus eweuh sumanget hirup sabab ewh nu nyaaheun, sebenerna mah salah eta teh, aya nu nyaaheun tapi, maranehna teu hayang nenjokeun kusabab ngarah arurang teh mikir kitu yen ngalakukeun hal kieu bisa ngecewakeun loba pihak. Salah sahijina kolot atawa keluarga arurang.
Jadi pian mihareup kabalarea tong sakali-kali nyobaan nu ngarana NARKOBA kusabab narkoba ngahancurkeun masa depan, jeung ngecewakeun keluarga. Sakieu carita pian, mugia bisa jadi enteung jang balarea.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar