Jumat, 11 Oktober 2019

Carpon Basa Sunda Asih Rumaja


Saukur Impenan

Hanum Aprilia Ningrum


                                       Copywrite 


          Hayam kongkorongok tabuh 5 janari,nu maksakeun jalmi-jalmi anu aya di barumi nu nuju bobo tèh garugah lantaran ayena poè senèn kudu ngamimitian deui ngajalankeun pagawèan.Salma tèh nuju nyiapkeun sagala kaperyogian di sakola anyarna,lantaran anjenna tèh murid anyar disalah sahiji sakola negeri nu aya di Kota Bandung.Salma pindah ka Kota Bandung tèh lantaran bapana dipindahkeun tugasna disalah sahiji perusahaan nu kakoncara di Kota Bandung.
          Limabelas menit waktos nuku Salma jug-jug mèh dugi ka SMA 24 Kota Bandung.Sateu acan ka kelas,Salma kudu nepangan heula wakasek kasiswaan lantaran anjenna kedah  nguruskeun heula serat-serat pindahan  nu can rèngsè jeung badè naroskeun yèn kelas mana anu tiasa ditempatan ku Salma.
          “Assalamu’alaikum,punten dupi sareung Pa Dedi ?”
          “Wa’alaikumsalam,oh Nèng Salmanya ? Mangga calik di lebet,keheula bapa badè nyandak serat-serat pindahanna na heula”
          Teu kungsi lila,torojol wè Pa Dèdi nyandak serat-serat nu kudu di tawis ku Salma.
          “Mangga nèng di aos heula ke ditawis. Salma mah kabagèannana di kelas XI MIPA I teu  sawios?”
          “Wios wè pak abdi mah dimana waè gè siap”
          Salma tèh ngamimitian nga-aos èta serat-serat tèh jeung nu salajeungna mah ditawis.
          “Ieu pa atos,hatur nuhun sateu acanna”
          “Sami-sami nèng”
          Salma di-anter ka kelas XI MIPA I ku Pa Dèdi,tos kitu Salma lebet ka kelas anyar na jeung deui kudu nepangkeun wastana kasadaya rèrèncangan nu aya di kelas jeung guru anu nuju ngawulang, tos kitu mah Salma diwidinan calik jeung Mina,lantaran jumlah awèwèna ganjil.
          Keur guru ngawulang, torojol aya tilu OSIS nu salah sahijina keketrok panto,pèk tèh aranjenna badè ngayakeun inpak sodakoh nu sok biasa dilaksanakeun tina poè senèn.
          “Kasadaya murid anu badè masihan artosna, mangga urang dipasihkeun kanggo korban gempa di Donggala”
          Dua OSIS èta nu ngarana A Oki jeung A Alif mapaian bangku,pas ka bangku anu dicalikan ku Salma pèk tèh  A Alif naros.
          “Nèng murid anyar nya?’
          “Muhun a”
          A Alif  tèh seuri wè, tos rèngsè mah baralik deui ka payun, nu tiluan èta tèh ngahaturkeun nuhun kasadaya murid nu tos masihkeun sapalih artosna kanggo korban gempa Donggala nu diwakilan ku A Adam.
          Tina saatos kajantenan èta tèh A Alif nyuhunkeun nomer Salma ka Mina nu kaleresan sa-organisasi jeung A Alif. Apal kitu, Salma rada ambek ka Mina kusabab mèrèkeun nomor wa ka jalma nu teu wawuh tapida kumaha deui,. Mina tèh ngabèrèbèja wè yèn A Alif tèh kaasup siswa nu dibanggakeun ku sakola lantaran manèhna tèh kènging waè lomba jeung deui boga jabatan salaku pamingpin Karim.
          Sawaktos istirahat, Salma nuju barang emam tur bari ngarobrol jeung rèrèncangan awèwè sakelasna nu keur  ngabahas study tour.
          “Da abi mah hoyong ka Jakarta ku sabab èta tèh mangrupakeun ibu kota na Indonesia piraku wè salaku warga negara  can kaditu-kaditu acan”
          Nu hiji deui tèh nèmbalan mbung èlèh.
          “Da abi mah tos mineng ka Jakarta tèh, nu matak bosen.Mening ogè ka Bandung aya Transtudio nu anyar kènèh di buka”
          Didinya tèh parèa-rèa omong, ngan Salma mah cicing wè da mbung saruana gandèng. Teu lila hp Salma tèh disada,aya notif wa, pas di buka pèk tèh aya wa ti A Alif ngajakan Salma lebet  janten anggota  Karim mèh saorganisasi jeung A Alif,ku Salma tèh ngan di baca hungkul wè.
          Ngarasa wa na teu dibales waè ku Salma, A Alif tèh nyusul wè ka kelasna.
          “Assalamu’alaikum, punten aya Salma ?”
          Sarèrèa jalma nu aya di kelas tèh ngajawab salam.
          “Wa’alaikumsalam...”
          Pas ningali A Alif aya di lawang pantu, Salma tèh reuwas A Alif sumping ka kelasna,geura-giru wè Salma tèh kaluar kelas nepangan A Alif.
          “Aya naon a ?”
          “Èta badè nawisan perkawis lebet janten anggota Karim, badè ?”
          “Oh perkawis èta. Badè a, da abi gè aya kahoyong janten anggota Karim ngan isin”
          “Ah naon isin,teu kudu isin da moal nanaon, kè diantosnya di masigit sakola nu deket jeung kantin sakola, tah kempelan na tèh unggal dinten rebu nya, hatur nuhun”
          “Oh enya terang a, muhun sami-sami”
          A Alif tèh uih deui wè ka kelasna jeung Salma ogè sami lebet deui ka kelasna. Ngan pas Salma tos lebet ka kelas,duka kunaon  rèrèncangan awèwè sakelasna tèh marelongkeun. Salma gè ngarasa hèran, apal kitu Mina tèh metot Salma mèh diuk dibangkuna tur bari ngaharèos.
          “Salma tos wè biasa,teu kedah janten èmutan”
          “Èmang kunaon kitu ?”
          Mina tèh rèpèh wè teu ngawaler da karunya ka Salma, ngan Salma na nu hoyong teurang.
          “Èta pèdah A Alif ka kelas”
          “Nya kunaon kitu ?”
          “Kan di kelas ieu  tèh loba awèwè nu resepen ka A Alif kulantaran mun nuju nga-aos qur’an tèh mikat endah sorana tur deui kasèp”
          Ti dinya tèh Salma terang wè kunaon sababna rèrèncangan awèwèna marelong kitu ka Salma. Tos tilu sasih Salma sakola di Kota Bandung , jeung unggal mingngon na tèh Salma getol kempelan Karim, jeung deui ayeuna mah A Alif jeung Salma tèh seeur ngobrol.
          Kaleresan dinten ieu tèh jadwalna kempelan Karim, sabari nungguan ngamimiti Karim, Salma tèh ngobrol sareung rèrèncangan saorganisasina,pèk tèh torojol A Alif datang mawa cai botol.
          “Salma yèh cai botol bilih hanaang”
          “Teu kedah a”
          “Ah ieu da tos dipangmèsèrkeun”
          “Nuhun atuh a, sing kagentos”
          Salma tèh nampi wè èta cai botol tèh bari isin diparelongkeun ku batur nu caralik di luar masigit. Karim tèh  di kawitan wè nu agènda kempelan ayeuna tèh ngabahas ngenaan kahirupan barudak jaman kiwari ceuk pandangan Islam, tah ieu materi tèh rèk diterangkeun ku ustad nu unggal  mingngon na tèh bènten-bènten. Pas ustadna nuju nerangkeun èta matèri teh, teu kahaja Salma tèh melong ka A Alif, nu nuju kaleresan A Alif gènuju melong ogè ka Salma, nya dua nana teh seuri wè.
          Kempelan tos rèngsè, Salma nungguan bapana ngajemput di gerbang payun sakola, pèk tèh A Alif ngaliwat nganggo motor.
          “Salma badè sareung moal ?”
“Moal a da dijemput ku bapa, barina gè isin batur ningalikeun bisi janten piomongeun batur”
 Ngadengè kitu A Alif tèh isin, teu mikir nugi ka dinya.
“Oh enya ari kitu mah, abi kapayunan nya”
“Mangga a”
Tos kajantenan èta mah A Alif  tèh rada ngajauh ti Salma ku sabab kaèmutan waè cariosan Salma, da enya atuh Salma mah katingalina gè jalma bageur tur solèhah deui tapi da ai resep mah rèk kumaha deuinya, jeung A Alif mah alimeun mundur rèk nyobian heula nyarios ka Salma naon anu karasa ku A Alif tèh .
Pèk tèh dinten salasa aya jadwal kempelan Karim, kudu nyiapkeun kanggo sumbangan pikeun murangkalih yatimpiatu nubadè dilaksanakeun ènjingna. Pas tos rèngsè nyiapkeun,  pèk  tèh A Alif nyampeurkeun Salma nu nuju calik lantaran capè kaditu kadieu waè.
“Salma yeuh cai-cai heula”
“Aduh nuju hanaang tèh aya wè rizkina, nuhun a...”
“Sami-sami”
Salma tèh langsung wè eueut ku sabab hanaang pisan, nginumna gè jiga nu kakarèk manggih cai dina keur usum halodo, sakalina glek gè sèèp caina, ningali èta A Alif mah seuri wè ngan Salma na mah lempeng wè rumaos teu gaduh kalepatan.
“Oh enya a tadi aya naon nga wa nya ?”
“Aya anu badè di carioskeun”
Salma tèh ngarasa hèran, bari kerang-kerung.
“Aya naon a ?”
A Alif tèh cicing heula bari mikir jeung deui ku gemper na rèk ngamimitian di belah mana-na, ngan daèk teu daèk kudu di omongkeun.
“Salma kumaha mun abi resep “
“Ka saha ?”
“Nya ka Salma “
Alah jantung Salma tèh jiga nu rèk  coplok bakat ku reuwasna èta cariosan A Alif.
“Ah A Alif mah sok heurey waè”
“Saha nu heurey ? abi mah leres”
Salma tèh mikir deui,ngan manèh-na tèh kudu ngawaler teges yèn Salma tèh alim bobogohan heula ku lantaran anjenna ngabogaan jangji ka kolotna nu geus capeeun gawè ka ditu-ka dieu mèh Salma tiasa sakola. Ku sabab kitu, Salma rèk getol di ajar mèh janten jalma nu sukses jeung tiasa ngabagjakeun kolotna, jeung ogè Salma tèh apaleun yèn tina agama bobogohan tèh diulahkeun.
Ngadèngè waleran Salma kitu tèh asa nyeri hatè ka A Alif na ngan da kumaha deui prinsip batur mah moal tiasa dirobih, jeung deui langki ogè mendakan awèwè nu jiga Salma dijaman kiwari.
Dua sasih saatos kajantenan èta, Salma jeung A Alif mah biasa wè henteu paanggang, sailar jiga babaturan sa-organisasi.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar