Minggu, 13 Oktober 2019

ASIH NA LOLONGKARANG HATE


ASIH NA LOLONGKARANG HATE
                                           

   Copyright by : Tokopedia.com

  Dinten senen, dinten mimiti abdi lebet ka sakola anu enggal,  nyaeta SMA.  Cenah ceuk, SMA teh nyaeta waktu dimana rumaja ngenal kana asih kalawan jenisna.  Abdi di piwarang ku ibu rama lebet ka kelas IPS,  sumargi tiasa kana elmu bisnis. Abdi ditempatkeun ku sakola di kelas IPS 11. Didinya teh seeur pisan istrina tibatan pamegetna.
  Kring.. Kring.. Kringg.. Suanten bel tandana istirahat
  Waktosna istirahat abdi sareng Ucok angkat ka kantin pikeun jajan. Dikantin teh seeur pisan jalmi,  hampir jiga mirip jeung pasar Cikurubuk... Garandeng.  Sateuacan ngalajengkeun kana carita, abdi bade nepangkeun hela. Nami abdi teh Dadang, abdi calik di daerah Mangkuimah, caket situ ageung.
  Lajengkeun kana carita. Saatos abdi sareung Ucok jajan ti kantin, abdi langsung angkat deui ka kelas. Di kelas teh tos pinuh pameget hungkul anu nuju ngarobrol. Abdi sareung Ucok nyamperkeun parkumpulan eta. Dina parkumpulan eta mimiti abdi tiasa kenal jeung barudak sakelas, aya anu namina Baba, Keke,  jeung seeur keneh.
  Kring... Kring.. Kring.. Suanten bel tandana jam pelajaran dilajengkeun. Abdi sareung barudak pameget langsung ka tempat calikna masing-masing. Abdi sareng si Ucok calik dibangku pang pengkerna.
       "Cok.. Gaduh pulpen dua teu?" taros abdi. "Teu euy Dang, cobian atuh minjem ka si Nurani. Soalna si eta mah jiga warung,  sagala di candak" ceuk si Ucok teh sabari herey. Teu lami saatos naros ka si Uco, abdi lansung nyamperkeun ka si Nurani. "Nurani,  gaduh pulpen dua teu? " taros abdi sabari rada dicaketan, soalna jalmina geulis kacida.
   "Aya dadang.. " waler Nurani teh sabari suwantena anu lembut. "Tiasa nambut 1 teu? Margi pulpen nu abdi seep" waler abdi teh. Teras di waler deui ku si Nurani teh"Oh nya sok mangga Dang". Teras abdi teh ka emutan asa hoyong lewih caket ka si Nurani teh. Dugika ku abdi di ukeun nomer WA na.
   "Nurani,  engke uih kana naon? " taros abdi teh sabari aya kahoyong pikeun uih bareng dina lebet hate mah. " Nurani mah uih na sok nyalira wa Dang" waler Nurani teh. "Oh..Atuh sareng we yap jeung abi uih na.  Da abi ayeunamah nyandak motor" waler abdi sabari dina lebet hate mah kacida atohna.
   Teras abdi sareng Nurani uih bareng kana motor. Pas nuju di jalan arurang silih bagi pangalaman sabari ningal tatangkalan anu endah tur rapih.  Saatos dugi di payuneun bumi Nurani, Nurani ngajak ka lebet hela"ka lebet hela atuh Dang,  cai cai hela kaleresan nuju aya keneh leeteunna.
   "Mangga Nur, kaleresan abdi na walareg, enjing deui we" waler abdi teh sabari isin isin. "Oh nya atuh ari kitu mah.  Hatur nuhun nya Dang tos nganterkeun abdi" saur Nurani teh sabari sami isinen.
   "Oh nya sok mangga sami-sami Nur,  ari pami dinten Sabtu aya kegiatan teu Nurani? Pami henteu  abdi bade ngajak nonton" ajak abdi teh ka si Nurani supados tiasa lewih caket deui. "Kaleresan nuju teu aya acara Dang,  hayu wae abi mah" waler Nurani teh. Saatos kitu abdi langsung ngantunkeun bumi Nurani pikeun uih ka bumi abdi. Di jalan abdi ngarasa bungah, kusabab tiasa ameng jeng Nurani dinten sabtu teh.
   Sumping dinten sabtu, abdi nyamper ka bumi Nurani pikeun ngajak nonton.  Saatos dugi dibumina,  abdi rewas ningali Nurani anu ngangge acuk sae ditambah geulis duh.. Kacida endahna.
   "Dang.. Dang.. Ari Dadang kunaon? " taros Nurani ka abdi. "Henteu.. Henteu.. Abi mah teu nyangka Nurani meni sageulis kiyeu.. Hahahah". Salajengna abdi sareng Nurani angkat ka bioskop.
   Pas nuju di jalan, panangan Nurani teh nangkep kana patuangan abdi,  atuh abdi teh beki alim gera tepi ka bioskop teh hahahaha.. Saatos dugi di parkiran,  abdi sareng Nurani langsung angkat ka bioskopna sabari panangan Nurani ku abdi di cepengan.  Pas nuju nonton,  lewih tepatna pas nuju aya adegan sieun.  Si Nurani teh sieuneun sabari nyumput kana tak tak abdi.. Aduhh...
  
     16.00 WIB,  abdi kaluar ti bioskop sareng Nurani.  " Nur,  lapat teu? Urang tuang hela yap. Kalem ti abdi we artos namah" ajak abdi teh. Saatos kitu abdi sareng Nurani emam di hiji rumah makan.
      Saacan emam, abdi nyobian nyarios ka Nurani perkawis hate abdi ka anjena.  Ari pek teh, Nurani na oge sami deuih gaduh hate atau kanyaah ka abdi teh.. Duhh.. Kacida atohna abdi didinya teh, dugika nyobian pahuap-huap.. Akhirna abdi sareng Nurani janten caket pisan sareng unggal minggu pasti ameng tur hirup silih nyaah sarta bungah.
    Hampir ungal dinten ayena mah abdi sareng Nurani angkat sakola sareng uih sakola sok bareng wae, jaba ayena mah barudak kelas ge tos tarerangen. Malahan mah sok di panggil na ge DANUR ( Dadang Nurani )..hahaha..Sok aya aya wae lanian teh.
    Aya dina 1 poe abi sareng Nurani teh aya masalah pedah aya hiji istri anu nyaketan abdi terus katingalieun ku Nurani teh.” Dang..Asa jiga ku nyaman nya Dadang caket jeng si Lala, jaba si Lala mah lewih gelis ti abdi siah Dang” ucap Nurani teh sabari rada ngambek.
    “Teu aya nanaon Nur,eta mah cuman naroskeun hungkul pelajaran ka abdi, janten jiga anu caket, Nurani ulah waka awon sangki hela. Da abdi mah setia ka Nurani hungkul. Leresna ge” ucap abdi sabari nyepengan panangan Nurani.

      Teras saatos uihan sakola abdi sareng Nurani angkat ka toko buku pikeun meser buku fiksi sareng nonfiksi. Sabab kangge tugas pelajaran bahasa Indonesia ngadamel resensi. Pas nuju mulah milih buku, teu kahaja Nurani ngadupak buku, anu matak buku eta teh rag-rag ka handap.

      Teu sadar panangan abdi sareng Nurani teh langsung nyandak buku anu rag-rag eta, dugika soca abdi sareng Nurani teh silih ningali. “ Elehh, puntennya Dang teu kahaja kadupak ku abdi” carios Nurani teh. “ Nya teu kunanaon da, engke deui mah sing lewih ati-ati nya Nur” wlaer abdi teh.
                                                                                                           
     Saatosna aya anu kapilih bukuna, abdi sareng Nurani langsung uih ka bumi masing-masing. Didinya abdi mulai ngaraosken hirup saurang rumaja anu katingalina pinuh kasenangan. Sabab aya kulawargi anu merhatosken abdi sareng di tambih Nurani anu jadi palengkap hirup abdi.
     
 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar