Kakurung dina kaheman
(Terjebakdi zona nyaman)
Fairuzfakhrana.wordpress.com
Isuk isuk sumping, kuring mimiti nyiapkeun sakola sapertos biasa. Ayah kuring ngantosan kuring dihareupeun imah pikeun nyandak kuring dina motorna. "rin geura emam" suanteun indung kuring tos nyiapkeun sarapan sateuacan angkat kasakola teh kedah sarapan heula. "muhun mah" jawab kuring bari nyandak sarapan nu tos disiapkeun. "rini enggal lami lami teuing" suara ayah nu tos keuseuleun ngantosan kuring.
Nyampak kuring disakola, ayena mah teu dibumi teu disakola barudak teh kana harape wae, kusabab era digital ayena nu langkung maju sagala ge ayena mah tiasa ngagunakeun ku hape eta, nu kadang matak hilap kana nanaon komo mun tos kenal kanu namina Game Online.
Hiji waktos babaturan kuring nu namina Chandra eta kana hape wae na teh meni leukeun pisan, pas ditingali tingali eta Chandra teh gening maen Game Online, nuju belajar ge kadang mah eta Chandra dibangku pang tukang na teh sok nga game sangkirang guru nuju nerangkeun dipayun ge.
Pernah kageunggeureuhkeun ku guru eta Chandra teh hayoh wae kana hape, sakali kuguru digeunggeureuhkeun eta Chandra rada teu ngoprek hape, teu lami saatos digeunggeureuhkeun eta teh kalah kana hape deui tapi guru teu terangeun yen chandra ngoprek hp.
Ku kuring ditempo tempo ari beuki dieu teh eta Chandra jadi tara ngagabung jeung barudak pameget dikelas, barudak pameget teh bingung naha Chandra jadi kitu, terpaku teuing kana hape. Barudak dikelas ge jadi beda eta ka Chandra teh da tiap poe nempo Chandra maen hape jeung kana Game wae.
Ningali dina status wa, status ig, eta nu di upload ku si Chandra teh pasti tentang game online. Miluan _turnament_, terus juara. Tapi dina kituna mah bisaan Chandra teh, ngan salah na teh dina waktu ngapaenkeun na. Keur waktu diajar wae gen Chandra mah sok tara merhatikeun guru, guru geus digeunggeureuhkeun sabaraha kali oge teu sieuneun wae.
Dina hiji poe kuring ngadangu barudak pameget dikelas teh ek arulin ka sindangkerta, kuring ngadenge barudak ngajak ka Chandra tapi nolak karna alasan nu rek _turnament_ Game na. Barudak didinya rada handeueul ka Chandra meni neupi ka mohokeun babaturan demi eta game.
Dipoe ieu Chandra kana game na teh jadi beuki teu eta pisan kadang nempo si Chandra mun eleh nga game teh jiga nu stress padahal eta ngansauukur game wungkul tapi kalah jadi nu diutamakeun na.
Barudak hayang Chandra teh ngagabung babarengan deui, barudak ngarencanakeun kumaha carana Chandra daek deui ngagabung babarengan, terus barudak kapikiran cara meh Chandra daek teh nya diajak mabar Game. Nya tidinya barudak pameget dikelas teh nyamperkeun Chandra rek ngajak mabar.
Ari pek teh eta Chandra daekeun diajak mabar ku barudak, tidinya barudak teh jeung Chandra di jam istirahat mabar Game Online. Kebeneran di jam saengges istirahat guru teu masuk, izin aya keperluan terus masihkeun tugas.
Dina hiji peting, nu diimah Chandraa geus pules sarare, tengah peting Chandra gandengg dikamar na teh, tah nu diimah rewas terus nempo ka kamar ari pek teh Chandra keur _kejang kejang_. Rarewass langsung ditangani ku cara nu tradisional heula samemeh dibawa ka rumah sakit.
Dibawa tah Chandra teh karumah sakit singhoreng dina syaraf utak Chandra teh aya nu pegat. Mamah Chandra eta pingsan bari ningalikeun kondisi Chandra nu koma, kabeh keluargana Chandra panik nempo Chandra ayna kieu kondisina.
Barudak kelas ngalongok Chandra ka rumah sakit, guru guru ge sami ngaralongok ka rumah sakit jang ngamotivasikeun Chandra meh tong terpuruk teuing ku keadaan ayna, meh si Chandra bisa bangkitt deuii.
Hampir opat bulan Chandra berobat jalan terapi. dibulan ka lima Chandra ngalakukeun kagiatan sakola deui saperti biasaaa. Bari manehan na teh mulaii hirup saperti biasa teu terpaku teuing kana hape terutama kana game nu matak kondisi Chandra ayna kieu. Maneh na kapokk nu tadi na waktu istirahat kudu dipake bobo ieu kalah kana game jadi ngariripuh awak sorangan jeung kolot na oge.
By:rinimutirani
Tidak ada komentar:
Posting Komentar