Muka Lawang Hate
Sakola nyaéta tempat di ajar para rumaja, di sakola téh teu sadayana murid nu leres-leres diajar. Satiap sakola pasti aya murid nu teu leres paripolahna. Biyan nyaéta budak nu kaitungna teu terang paraturan. Di sakola tos aya larangan yén di sakola Bojong Soang murid-muridna teu kénging lebet komunitas gang motor. Tapi anjeunna kalah ngalarang paraturan eta
Di Sakola Bojong Soang, Biyan nuju di payuneun kelas ningali ujang nu badé ngalangkung. "Eh jang kahadé uih sakola antosan abi di payuneun gerbang" ceuk Biyan nu nuju nangkring di payuneun kelasna."eunya siap yan ke abi ngantosan didinya"bari ngaleos ngalangkungan kelas Biyan.
Biyan sareng Ujang sa atosna rengsé nyarios wawartos uih sakola sasarengan aranjeuna lalebet ka kelas nu bade ngawitan di ajar di kelasna masing masing.Saatos tabuh satengah 3 Biyan sareng Ujang tos raréngsé di ajarna.
Ujang nu tadi badé ngantosan Biyan dipayuneun gerbang sakola anjeuna kadon ka kantin heula, sabari patuangan Ujang di cecepeng kuanjeuna sabab Ujang telat emam. Biyan ka luar ti kelasna bari rarusuh sabab Biyan di sangkana telat sareng Biyan nyangkana Ujang tos aya di payuneun gerbang sakola ai pék téh teu aya Ujang di payuneun gerbang mah . Buru buru we anjeuna miwarang salah sahiji réréncanganana nu kaleresan ngalangkung.
Sababaraha puluh menit Biyan ngantosan di korsi nu cakeut gerbang sabari pereum benta nu dugi ka anjeuna ngaraos di damelkeun ku Ujang, Biyan teu lami ngaraos Ujang téh masih kénéh aya di lebet sakola pék téh leres Ujang masih aya di sakola nyaéta di kantin.
Saatos di kantin Biyan nyarios ka Ujang yén anjeuna milari Ujang nu nuju emam di kantin. Ujang langsung ngajelaskeun ngantunkeun Biyan nu anjeuna hoyong ka kantin heula. Saatos Biyan mendakan ujang nu nuju di kantin, Biyan ngantosan emam na Ujang nu badé mangkat ka tempat ngumpul barudakna.
Bérés ngantosan Ujang, Biyan sareng Ujang langsung mangkat ka tempat ngumpulna barudak nu teu tebih di Sakola Bojong Soang, Biyan sareng Ujang naék motor ka daérah Cilémbang. Biyan nyarios ka Ujang sapaparat jalan nyarioskeun nu badé di rencanakeun ku barudakna kanggé dinten minggon.
Ujang nyarios ka Biyan badé nyandak barudakna améh nambih seeur barudakna Biyan teras we Ujang tos dugi ka tempat ngumpul. Nu di lebet ruangan éta pinuh ku barudak gang motor nu Biyan sareng ujang ogé kalebet kana gang motor éta. "Jang hayu ka lebet urang ngumpul."ceuk Biyan nu nembé turun dina motor."hayu yan abi lebet ayeuna" ceuk Ujang sabari sasarengan lebetna.
Kalebetna pinuh ku barudak gang motor nu nuju nyarioskeun tawuran sareng gang motor sakola tatangga, Biyan sareng Ujang gé badé ngiring kana tawuran,nu pastina badé nyiapkeun banda-banda nu badé dianggo kanggé nyerang. Salami dilebet ruangan nu nuju nyarioskeun strategi kangge di angge nyerangna.Di bagi-bagi tempat bagian nyerangna, Ujang sareng Biyan kabagéan nyerang ka hiji nu posisina di pang payunna.
Saatoss nyarioskeun rencana kangge tawuran, ka énjinganana tawuran di jalankeun ku barudak Biyan sareng Ujang dugi ka jalur dua ramé ku barudak gang motor. Dina tawuran ieu Biyan sareng Ujang mimiti maju kapayun anu nyandak banda bahaya kanggé nyerang gang motor musuh aranjeunna.
Teu lami Ujang ningali Biyan nu keuna ku banda bahaya ti musuhna, Ujang nyamperkeun Biyan nu tos kénging salah sahiji bagéan awakna nyaéta panangana. Ujang ngabantosan Biyan nu pananganana keuna ku banda bahaya sabari lumpat saalit-saalit anu rada tebih ka jalur nu amanna.
Teu lami deui nu tawuranna ricuh teu puguh sabab sumping pulisi seeur sareng kandaraanna. Budak dua ieu tetep kénéh di jalur nu tetep dekeut ka wewengkon tawuranana. Ujang sabari nungtun Biyan nu rada teu sadar sareng mapah na tos teu kiaten janten kapaksa di lirénkeun heula ku Ujang.
Barudak ti Ujang sareng Biyan aya nu tos beunang ku pulisi sareng aya ogé nu kabur, di jalur éta Biyan sareng Ujang mah tetep kénéh nyumput dina jujukutan. Sumping pulisi nu mendakan Biyan sareng Ujang nu dina jujukutan. Teras pulisi néwak budak dua éta teras dicandak kanu mobil pulisi.
Sa teu acan di candak ka kantor pulisi Biyan di candak heula ku pulisi ka rumah sakit nu badé ngaobatan panangan Biyan nu ka kénging tadi pas tawuran. Biyan tetep teu acan sadar kénéh..
Pas sumping di rumah sakit Biyan di parios heula kaséhatanana sareng di parios pananganana nu kénging ku tawuran tadi. Saur dokter Biyan nu luka dina pananganana lumayan parah .
Saréngséna dokter ngajelaskeun ka Biyan perkawis kumaha ngobatana, Biyan teras we dicandak ka ruang operasi."Dok ieu kedah di kumahakeun nyeuri pami kieu waé mah." saur Biyan sabari nahan nyeuri."kapaksa kedah di jait soalna ieu mah soéh kulitna" saur dokter nu nuju nyayogikeun paralatanna.
Ngadangu kitu Biyan asa kaduhung tos ngalakukeun tawuran. Sabab, tina kajadian ieu anjeun na kénging pananganana ku gang motor lawan.
Samentawis Ujang di kantor pulisi anu mayunan pak pulisi di rohangan poék kacida deg deganana."Aduh ieu kumaha nya abi bisi kapendakeun ku sepuh "saur Ujang na hate. Pak pulisi tos aya di rohangan éta teras wé narosan ti mimiti tawuran éta dugika pulisi sumpinh ka tempat kajadian.
Dua jam leuwih Ujang di tarosan ku pak pulisi . Anjeuna kaluar ti rohangan éta barijeung gaduh rasa hanjakal tos ngalakuken tawuran ieu sareng gang motor lawan. Pas nutupan panto,tos di sampakkeun tuang ibu sareung tuang bapana nu nuju ningalikeun anjeuna kaluar ti éta rohangan. Ujang teu tiasa nahan cimatana di payuneun sepuhna. Anjeuna nyurucudkeun cimata payuneun tuang ibuna sareng tuang bapana na di kantor pulisi
Di rumah sakit Biyan toss rengse di jait. Ujang ngalongok ka rumah sakit sareng ema bapana Biyan .Biyan nu teu acan sadar waé sabada ti ruang operasi, lalaunan sadar.
Di rohangan éta tos ngariung nu pada mikanyaah, utamana emana. Cimatana baseuh kana acukna, rey teu karaos cipanon ngarambey na pipi. Ngan nu anéh panangan katuhu teu tiasa di usikkeun, bingung bari nahan nyeri.
Rehna saur dokter Biyan teu tiasa samentawis nganggo panangan katuhu,aya kana sabulan. Sarengsena kedah terapi.
Hatena handeueul balukar tina ngilu geng motor, lain kaalusan. Tapi balangsak kacida, derngageder haténa. Anjeunaa tobat, moal nincak deui nu ngaran geng motor.
Dicetus ku: Riyanfrmn
Tidak ada komentar:
Posting Komentar