Minggu, 13 Oktober 2019

Carpon basa Sunda Kahirupan bebas di rumaja



Papaten di hujan katiga





   Dihiji kampung di daérah Kawalu. Aya anu namina Eni. Watak Eni téh aduh keur téh bageur,pinter, soméah, geulis deuih.

   ‌Eni tos dikantunkeun ku tuang bapana ti umur anjeuna 3 taun. Ti saprak éta , kahirupan Eni jadi sangsara . Tung tungna Eni icalan soténg di payuneun bumina .Harga soténgna téh murah mung lima rébu , cekaplah kanggé murid mah.
   Eni ayeuna nuju sakola di SMP Tadikamesra . SMP Tadikamesra nyaéta sakola anu ka sawanga luhur sabab murid murid nu aya di sakola éta téh budakna pajabat wungkul. Eni ka itungna ageung milik tiasa lebet ka sakola éta sareng heunteu mayar waragat sakola , sabab eni kénging beasiswa.
    Eni disakola aya nu sok nyindes nyaéta Ica sareng géng budak pajabat wungkul nami géng na téh banana seplit ceunah . Géng banana seplit geleuheun pisan ka eni sabab seeur pameget nu resepeun ka Eni. Sedengkeun Ica pamingpin éta géng téh nu saméméhna di pikaresep ku sadaya pameget téh saatos Eni datang ka sakola éta , sadaya pameget jadi resepeun ka Eni.
    Hiji poe anu cerah , Eni angkat ka sakola rurusuhan naék sapédah ontélna. Eni enggal enggal ka sakola sabab tos ampir ampiran badé telat . Eni telat sabab mantosan heula tuang ibuna tatahar icalan soténg .
  Dugi di gerbang sakola Eni disérémpét ku mobil warna bereum nyaéta mobil na ica, budakna anggota salah sahiji pajabat . Eni labuh kana leutak anu kenteul jeung bau , atuh ku sadaya murid téh di parelongkeun.
   Ica ngarasa manéh na teu acan puas sareng teu ngaraos dosa sabab ti mimiti gé anjeunna tos ngarencanakeun yén anjeunna badé nyérémpét Eni. Eni nyurucudkeun cimata nalika anjeunna nuju di jamban. Eni teu eren eren nyurucudkeun cimata sabari  ningal kana kaca awakna anu laledok ku leutak. "aduhh kumaha atuh ieu abi acukna mani laledok kieu" ceuk Eni. Eni énggal énggal méréskeun leutak anu aya dina acukna.
   Bérésna Eni ti jamban, Eni langsung ka kelas . Dikelas tos aya nu ngantosan nyaéta Ica sareng barudakna. Tidinya Eni di poyokan ku Ica sareng sadaya barudakna pédah anjeunna ngangge acuk anu baseuh sareng saalit ledok . Atuh Eni téh nalangsa deui. Tos kitu téh léos wé Ica saréng barudakna téh.
   Pas istirahat ka hiji Ica sumping deui sareng barudakna ka kelas Eni. Eni tos teu puguh raraosan sabab Ica sumping deui ka kelas. Pék téh enya Ica nyandak cai eeut tur dibanjurkeun ka Eni. "byurrr..." sora cai. "alahh icaa naha kunaon anjeun kieu ka abi? Abi mah heunteu gaduh salah ka anjeun kan? Ulah kéna kéna anjeun budakna pajabat ca" ceuk eni béntes. "enya wios wé da abina geleuh ka Eni hahaha...tos ah hayu barudak" pok téh Ica nyarios kitu sabari mangkat kaluar kelas.
    Paripolah Ica tadi kapendakeun ku bu Lala . Ica langsung dicandak ka ruang BK. Pas di ruang BK Ica ditaros ku bu Lala . " nyaa kunaon atuh Ica beut kitu ka Eni... Icaa icaa" ceuk bu lala. Ica ngawalerna anu matak teu pikaresepeun guru kieu cenah , "ah bu da bapa abi mah nyumbang artos nu seeur ka sakola ieu téh, jadi kumaha abi wé  badé kukumaha gé" pok téh Ica nyarios kitu.

   Bu Lala ngan tiasa gogodeg ka Ica. Pas nyarios kitu bu Lala tetep méré hukuman nyaéta mersihan jamban nu aya di sakola. Ica baeud ka bu Lala dugi ka ngaaawon bu lala di pengkereun. Ica tuluy wé di jamban téh teu eren ngaaawon bu Lala .
   Bél sakola Tadikamesra tos disada nandakeun yén waktosna murid murid Tadikamesra uihan. sapertos biasa Eni mantosan tuang ibuna icalan soténg. Alhamdulillah soténg tuang ibuna Eni payu. Eni kacida bungahna sabab anjeuna gaduh artos leuwih kangge ditabungkeun tina bati éta icalan.
   panon poé tos ngaleungit, torojol tah Ica sareng barudakna sumping ka tempat icalan Eni. Manéhna apal yén Eni anu ngaladanganana, aya wé pipikiran kangge ngaruksak icalan éta. Ica langsung nyarios ka barudak. " Hey barudak abi gaduh rencana kangge ngaruksak kahirupan Eni"ceuk Ica. "Naon ca naon" témbal salah sahiji barudakna .Barudakna ogé sami geleuheun ka Eni sabab salah sahiji tina éta barudak téh ku kabogohna aya nu ditinggalkeun, parengan Eni asup ka sakola éta. Janten wé nyangki na Eni nu ngaruksak hubungan éta padahal henteu .

  Ica sareng barudakna langsung mésér éta soténg . Eni tos teu puguh raraosan sabab Ica pasti bakal ngajieun masalah. Pék téh eunya Ica sareng barudakna tos nyayogikeun rencana pikeun ngaruksak icalan Eni ku cara ngasupkeun cucunguk ka kuah soténg.

   Teu lami tidinya Ica langsung nyarios " ihh aya naonan ieu dina kuah soténgna" ceuk Ica sabari ngalungkeun mangkok kana méja. "ihh éta mah cucunguk icaa tingali utek utekan jeung aya kumisan deuihh... Iwhh" disusul ku omongan cika .
   Tidinya Eni icalana jadi sepi eweuh nu mésér hiji hiji acan , sabab kamari pas kajadian cucunguk aya tina kuah soténg parengan nuju seeur nu malésér. Atuh tidinya Eni karasa pisan sangsarana sabab teu aya pamasukan kangge hirup Eni sapopoé sareng kulawargana.
   Teu ngarasa puas Ica tos ngaruksak icalan Eni , Ica ngadamel deui rencana kanggé nyilakakeun Eni. Tujuana mah améh Eni kapok aya disakola éta  tuluy pindah ka sakola nu séjén. Saatos kitu Ica langsung ngajalankeun rencana na nyaéta nabrak deui maké mobil bereum na. 


  Tapi lepat sasaran kalah badé nubruk ka tuang ibuna Ica nu kaleresan aya didinya. Atuh ku Eni téh di salamatkeun. "buu awasss.... Gubrakkk" ceuk Eni parengan sora nubruk.. Nu keuna ku tubrukan éta nyaéta Eni. Eni tina awak sareng mastakna seeur getihan, atuh ku guru guru téh dicandak ka rumah sakit.

   Dugi di rumah sakit Eni énggal énggal dicandak ka IGD. Ica hanjakal yén anjeunna tos ngadamel rencana ieu enya gé dina rencana na Eni bakal cilaka, tapi amun tos kieu mah Ica ngan tiasa ngegel curuk .Eni tos teu aya nafasan, indung na Eni sareng sadaya kulawargana Eni sumping ka rumah sakit . Kulawarga na sadayana nangis kitu ogé tuang bapakna anu ngangge korsi roda ngiring ka rumah sakit. 
   Ica ukeun pangampura ka tuang ibuna Eni ku cara nyogok artos 100 juta , tuang ibuna Eni teu nampi éta artos, langsung wé anjeuna mangkat ka bumi sareng tuang bapakna eni. Indungna eni kaduhung pisan sabab tiasa tiasana Ica gaduh pipikiran yén nyawa budakna dipésér ku artos 100 juta.
  Pas dugi dibumi,  aya Ica sumping deui ka bumi Eni. Ica kekeuh nyogok ku artos 100 juta, tuang ibuna Eni teu tiasa nyandak éta artos sabab nyawa budak anjeuna moal tiasa kapésér kunanaon. Sanesna tuang ibuna Eni heuras, tapi lamun masalahna kieu mah béda deui .
  Tuang ibuna Eni mamatahan ka Ica teu kedah di bayar ku artos cekap wé anjeuna jangji janten jalmi nu kersa ngarobih akhlakna ulah adigung ku harta banda sepuh , sabab Eni sok cacariosan ka tuang ibuna maksad sakolana. Ica angguk anggukan sabari sasalaman teras mulang.


Dicetus ku :man:) 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar