Senin, 14 Oktober 2019

Langit Peuting Di jakarta

     
Merdeka.com
Dihiji lembur anu rada jauh ti kota aya gadis istri namina Meti,rambutna gomplok kulitna kacida mencrangna jeung salirana anu kacida alusna.Meti watekna hese diwartosan teu benang dipapatahan jeung sok nekad.Kaayaan keluarga Meti ancur mimitina indung jeung bapana papisah dugikeun ka teu paduli ka Meti.Meti hirup jeung aki nini na anu geus teu ka duga nanaon.
      Dina hiji waktos,Meti hoyong angkat ti lembur ka kota.Meti wawartos ka aki jeung ka nini na,asalna ku aki sareng nini na teu diwidian,ngan Meti kekeh hoyong angkat sareng nyariosna bade mendakan biangna,janteun ku aki sareng nini nateh di widian angkat."Ma,ki,Meti mah bade angkat ti lembur ka kota" saur Meti."Badenaon Met? Teu kenging,melang Meti teh istri kumaha lamun aya nanaon diditu teh heg jauh ti sasaha" walerna aki."Moal ki,moal aya nanaon,Meti kaditu ge bade mendakkan mamah Meti" walerna Meti bari jeung maksa."Oh muhun sok atuh,ngan kade we" saur aki bari kapaksa.Masalahna pami Meti teu di widian sok ngadat sareng sok nekad.
      Teu lami tidinya,aya wartos ka lembur saurna Meti teu mendakkan  mamahna sareng di Jakarta kalah janteun pamandu karoke sareng sok ngalayanan salaki batur.Kahirupan di Jakarta ngajanteunkeun Meti hilap ka sepuh padahal wawartos ka nini sareng aki na Meti ka Jakarta teh bade mendakkan mamahna.Meti hilap ka lembur utami namah hilap ka nini sareng ka aki na anu ngurus Meti ti aalit dugi ka ageung.Ngan ayeuna tos ageung mah sareng tos tiasa milarian acis nyalira kalah mentingkeun kabagjaan nyalira teu ningali nini sareng aki di lembur hirup susah.
      Ayeuna mah murangkalih teu di sarengan ku sepuh mah hirupna bebas dugika Meti di Jakarta sok ngangge narkoba sareng ngakosumsi obat-obatan.Pergaulan Meti di Jakarta liwat ti batas.Bener we kahirupan bebas rumaja di kota mah keur merajalela,jeung rumaja seep rusak ku pergaulan.
     Teu lila anjeunna kenging ka razia ku polisi da kapendak nuju ngangge narkoba sareng balad-baladna.Anjeunna dicandak ka kantor polisi ditaros tos sabaraha kali ngangge narkoba sareng timana meserna eta narkoba teh.Sing horeng kenging meser narkoba kenging nyalurkeun ti Kalimantan.Polisi nyuhunkeun mamah sareng bapa anu ka razia kedah aya ka kantor.Didinya anjeunna ngaraos lieur kedah kamana milarian mamah sareng bapana,tos puguh aki sareng nini namah dilembur teu tiasa kukumaha.
      Harita basa di kantor polisi anjeunna ngaraos bingung kedah kamana,kedah kumaha milarian kolotna.Hirup di Jakarta nyalira sareng laku lampah kaawonan di damel ku nyalira.Bade milarian mamahna da anjeunna teu tiasa kamana-mana nu aya kalah ditahan di kantor polisi.
      Anjeunna di tahan di kantor polisi tos 3 dinteun,pas-pasan ti lembur teh aya nu damel di Jakarta,namina Mang Asep,kabeneran eta teh tatangga anjeunna di lembur.Harita Mang Asep nuju ngalongok babaturanna nu di tahan di kantor.Manehna nyalukan Mang Asep pang bejakeun kanu di lembur yen manehna ditahan di kantor polisi.Mang Asep didinya langsung nelepon anu di lembur nyaeta nelepon keluarga Meti.
      Teu lami ti harita,ti lembur aya nu sumping ka Jakarta ka kantor polisi.Nyaeta Mang Sobri jeung Bi Ilah.Bi Ilah nyaeta bibina,Mang Sobri salaki Bi Ilah.Mang Sobri jeung Bi Ilah kacida rewasna nempo manehna di kurung.Awak anu baheula alusna,buuk anu kacida gomplok na sareng kulit anu baasa eta bodasna ayeuna mah teu aya.
      "Met naha bisa di penjara kieu?" saur Bi Ilah anu bari reuwas."Meti kapergok ku polisi keur narkoba bi" Jawab Meti anu bari sieun,soalna Mang Sobri tiasa disebat galak."Ngerakeun keluarga wae" saur Mang Sobri bari kehel.
      Saentos Mang Sobri sareng Bi Ilah ka kantor polisi,anjeunna teh tiasa mulang ngan kudu nebus ngangge artos hela ameh kaluar ti penjara.Tidinya Bi Ilah sareng Mang Sobri bingung,kedah timana acis kanggo nebus ka polisi.Bi ilah nyarios ka Meti "Met bisa kaluar ti penjara ngan kedah ngangge artos". "Kumaha atuh da bi,Meti gen teu gaduh artos" Waler Meti bari nalangsa."Apanan aya artos tina ladang ngalayanan salaki batur" saur Mang Sobri.Tidinya Meti isineun ku Mang Sobri sareng Bi Ilah.
      Sababaraha jam tidinya Bi Ilah nyarios kieu ka Mang Sobri "Kang,kumaha pami nyarios ka bapak sareng ka ema?". "Ah ulah nyi,karunya bisi jadi beban pikiran" saur mang sobri."Ari entos kedah kumaha deui atuh ieu Meti piraku dicalikkeun di penjara waen" saur Bi Ilah."Keun we jang sababaraha waktu mah urang dicalikkeun heula didieu,sina karasaeun" ceuk Mang Sobri.
     Tidinya Mang Sobri sareng Bi Ilah tos nyandak kaputusan kangge mulih heula ka lembur,bade nyandak artos kanggo ngaluarkeun Meti."Met,bibi sareng Mang Sobri mulih heula ka lemburna" saur Bi Ilah anu bari teu wasa ningali Meti."Bi,ari Meti didieu kumaha?" saur Meti bari ceurik."Keun we jang samentara mah calik didieu heula,da ngabebaskeun teh kedah ngangge artos" saur Mang Sobri.
      Bi ilah sareng Mang Sobri mulih ka lembur sore,tapi samemeh mulih Mang Sobri nitipkeun Meti ka pak polisi.Da angger sagalak galakna dulur ge aya rasa karunya namah.
      Sadinteun tidinya Bi Ilah sareng Mang Sobri dongkap di lembur.Bi Ilah bingung kedah nyarios kumaha ka bapa sareng ka emana.Sabab di lembur teh tos guyur Meti lebet ka penjara."Lah,Sob kumaha Meti teh" Ema bari ceurik."Emmm Meti lebet penjara ma" Saur Bi Ilah bari bingung."Teras ayeuna kedah kumaha atuh sangkan Meti bisa kaluar ti penjara" ceuk aki."Kedah gaduh artos ageung pa mun Meti hoyong bebas mah" saur Mang Sobri."Urang ngajual tanah we atuh,meh Meti tiasa kaluar" saur aki."Ah ulah,lebar nambut we ka pak Rt" saur Bi Ilah."Keun we,tibatan Meti cicing di penjara mah" saur nini.
      Sabaraha dinteun tidinya aki jeung Mang Sobri ngical tanah ka pak Rt,sabab pak Rt kacida bengharna.Saentos ngical tanah Bi Ilah jeung Mang Sobri bade angkat deui ka Jakarta.
      Tilu poe ti ngajual tanah Bi Ilah jeung Mang Sobri rek indit deui ka Jakarta,memeh indit Bi Ilah jeung Mang Sobri permios heula ka aki jeung ka nini.Terus aki nitip pesen,Bi Ilah jeung Mang Sobri teh kudu mawa balik Meti.
      Dugi di kantor polisi,Bi Ilah jeung Mang Sobri ka tempat piket heula,da soalna kudu izin heula.Bi Ilah jeung Mang Sobri nebus Meti heula,terus we nyamperkeun Meti jeung pak polisi.Meti reuwas manehna bisa kaluar.
      Rerencangan anjeunna sadaya teu tiasa mulih da teu aya salah sahiji sepuhna anu dongkap.Ti pas harita anjeunna ngaraos sangsara hirup nyalira mah.Meti diajak mulang ku Bi Ilah,mimiti namah embungeun tapi di ancam ku Mang Sobri jadi Meti teh daek balik ka lembur.Meti kaluar ti penjara langsung balik ka lembur,Meti balik teu mawa nanaon da sagalana beak.
       Saentos kitu Meti dugi di lembur.Di lembur pada nyarioskeun Meti,dugi ka Meti isin kaluar bumi.Aki sareng nini na nangis lantaran teu nyangki incuna tiasa ngosumsi narkoba.Meti nyuhunkeun hapunteun ka aki sareng nini na.
      Teu lami tidinya Meti sadar,yen kalakuan anjeun nateh lepat.Ayeuna mah Meti penampilan nagen janteun biasa deui,teu jiga pas nuju di Jakarta.Meti jadi tara ngalawan ka nini sareng aki na.
      Sabaraha taun ti kajadian eta Meti nyuhunkeun ka aki sareng nini na bade damel ka kota deui.Ngan damelna na dinu leres ayeuna mah.Asalna ku aki sareng nini na Meti teu ngawidian,ngan meti kekeh hoyong angkat damel.Teras Meti nyuhunkeun bantosan ka Bi Ilah,meh aki sareng nini na ngawidian.Meti tos janji ka aki sareng ka nini na moal ka cacandak ku sakaba-kaba deui,yen anjeunna bade leres damel.Meti diwidian we ku aki sareng nini na.
       Ti harita anjeunna milaria damel ngan lumayan sesah da di kota mah teu babari siga di lembur milarin damel teh.Teu lami anjeunna kenging damel nyaeta ngasuh budak alit.


Zianka Salsabila

Tidak ada komentar:

Posting Komentar