Minggu, 13 Oktober 2019

NGALALANG DINA HALEUANG


              Ngalanglang dina haleuang
(Berkelana dalam nyanyian)
https://www.google.com/url?sa=i&source=images&cd=&ved=2ahUKEwjC87PqupTlAhUNf30KHcphAhAQjRx6BAgBEAQ&url=https%3A%2F%2Fid.lovepik.com%2Fimage-611751537%2Fplaying-the-piano-learn
ing-vocal-singing.html&psig=AOvVaw3maobfX-5JCNqYyLzf8Ktx&ust=1570891942934079

      Tepangkeun nami abdi Pevita. Sakola disalah sahiji SMA Negeri Favorit di Tasikmalaya. Ayeuna  calik dibangku kelas 11. Hobi nyaeta nyanyi. Abdi ge ngiringan ekstrakulikuler vokal disakola supados tiasa ngembangkeun bakat sareng hobi. Rerencangan ge gaduh hobi nu sami sareng abdi, namina Karin.
      Enjing enjing nalika bade angkat sakola pun biang nyauran "Pevita..." sareng diwaleur "kumaha mah?" "emam heula sayang". Saatos emam, abdi langsung naek motor anu sok ngarencangan ka sakola. Karin teh rerencangan ti SMP, arurang ditepangkeun deui di SMA. Abdi sareng Karin resep pisan nyanyi. Urang duaan teras teras an ngiringan perlombaan nyanyi. Tapi hanjakal na Karin sok eleh tina perlombaan.
      Dugi kahiji dinten, abdi ningali Karin calik di kelas nyalira di waktos istirahat. "Rin nuju naon yeuh nyalira wae didieu?". Sareng Karin tungkul wae teras anjeuna angkat bari ngucurkeun cai soca. Nalika Karin angkat, abdi mendakan kertas anu eusina curahan hate Karin. Nu eusina "Ya allah abdi sirik ka Pevita rerencangan abdi nyalira. Kunaon kedah Pevita wae nu kenging, kunaon abdi selalu gagal."
      Dina hate abdi ngobrol "Ya allah naha sadayana tiasa kieu? Upami tiasa milih ge langkung sae abdi teu kenging di perlombaan". Wengi na, nalika nuju diajar pun biang sumping ka kamar "Pevita kadieu heula sakedap." abi ge ngereunkeun diajar. "Aya naon mah?" "Ditingal tingal kunaon gening ayeuna ayeuna mh murung wae vita teh?" "Oh teu kunanaon mah" waleur sim abdi.
     Sigana pun biang ningali abi murung wae, atuda kumaha deui abdi ge teu tiasa teu ngemutan Karina. Abi ngusahakeun bade ngobrol ka Karina. Tapi abi bingung keneh kumaha carana. Abi teras terasan ngemutan.
     Isukna, nalika nuju diajar disakola. Abdi disauran ku wali kelas piwarang ka ruangan nana. Abi reuwas ka reureuhna keun. Di ruangan tos aya pun biang nuju calik bari ngucurkeun cai soca.        
      
Katingali pun biang ku raut wajah nu sedih. Pun biang nyarios "Vita... tadi ibu kenging telpon ti rerencangan na bapa. Bapa vita..." saur pun biang ngagantung obrolan. "bapa.. bapa tos ngantunkeun". Abdi sedih ka reureuhna keun. "Masalah naon deui atuh ieu ya allah masalah anu Karina ge teu acan rengse, ditambih bapa ngantunkeun abdi".
     Tisaprak pun rama ngantunkeun, abdi janten calikeun dikelas. Sareng abdi tos teu ngobrol deui sareng Karina. Abdi ge bingung kumaha sangkan sosobatan sareng Karina tiasa siga basa eta deui. Di hiji dinten, abdi nyobian muka obrolan sareng Karina. Tos sababaraha bulan ti saprak pun rama ngantunkeun abdi teu leubeut wae sareng teu ngiringan ekskul. "Rin ayeuna bade kumpulan ekskul?" taros abdi, "Bade" waleur Karina bari canggung.
     Sigana Karina tos teu pati teuing keheul ka abdi. Tidinya abdi sareng Karina mulai akrab deui siga basa eta. "Vita hapunteun nya abdi kamari kamari teu tiasa aya diwaktos Vita nuju sedih, saleresna hoyong abdi teh ngarencangan, masihan sumanget ka Vita ngahibur tapi teu gaduh balon abdi na ha". Saur Karin. "Haha muhun teu nanaon rin, keun we nya nu atos mah atos, da saleresna mh abdi mh teu peryogi balon peryogi na artos biasa sobat misqueen ." waleur abdi.
    "Ayeuna mah Vita kedah sumanget ngalakonan hirup, Vita kedah udag cita cita Vita ulah ngan ngahuleung we karesep teh." "Tapi rin basa eta abdi mendakan kertas nu eusina curahan hate Karin" saur abdi. "Oh eta atos vit lah teu kenging diemutan deui. Isin duh saleresna mah lebay nya. Atos we ayeuna mh tong diemutan deui nya da abi na ge tos sadar ayeuna mah sagala nanaon na ge tos aya nu nangtoskeun, mereunan eta sanes rezeki abi." sadar Karin.
     Akhirna abdi sareng Karin sasarengan deui. Abdi sareng Karin sering ekskul sasarengan sareng latihan nyanyi dibumi sasarengan deui. Karin nyumangetan abdi pikeun abdi tong putus asa sareng ulah sedih deui. Abdi uih deui sumanget pikeun ngembangkeun bakat sareng hobi abdi tina vokal.
     Di hiji dinten, aya lomba antar sakola di tingkat provinsi. Abdi katunjuk pikeun ngawakilan sakola. "Vita, ayeuna vita ditunjuk pikeun ngawakilan sakola hartina vita dipercanteun tiasa sareng mampu, ayeuna vita kedah ngabuktoskeun bakat nu dipigaduh ku vita nya". Saur Bu Sinta salaku pembina ekskul. "Muhun bu, Vita pasti bakal nunjukeun nu pangsaena kangge sakola."
     Abdi nganiatan bade nampilkeun lagu ciptaan abdi nyalira. Saleres na upami diwaktos luang abdi sok iseng nulis lagu. Optimis, lagu kenging karangan abdi tiasa nyandak sakola kenging tina perlombaan. Teu hilap ukeun saran ti rerencangan sareng pembina ekskul  nyaeta Bu Sinta.
     Eusi laguna nyaeta nyaritakeun tentang 'Kanyaah ka Ibu Bapa'. "Ieu vit,sigana lirik nu ieu kirang merenah kadangu na. Kumaha upami dirobih wae?" saur Karin nganalisis. "Oh kitu rin, muhun atuh keun engke ku abi robih nya, nuhun." waleur abdi.
     Unggal saminggu sakali abdi sering nganjang kabumi na Bu Sinta pikeun ngevaluasi perkembangan vokal. "Sae vit, teras kembangkeun nya. Kantun Vita sering latihan dibumi deui sing leukeun sareng jagi pola emam na teu kenging waka emam nu goreng gorengan nya". "Muhun bu, insya allah abdi tiasa ngajagi pola emam abdi sareng abdi tiasa ngembangkeun deui kualitas vokal abdi". Waleur sim abdi.
     Niat langkung buleud,moal kaluar tina pantrangan dokter.Saban dinten diusahakeun mung saukur sayur sareng buah,katambih cihaneut nu maturan.
     Vokal unggal dinten dilatih,teu kapahung deui ayeuna mah.Tos kapatri hoyong robah,boh pola pikir boh laku lampah.
      Nyerelek na waktos, dinten ieu waktos na mintonkeun sagala usaha nu parantos diperjuangkeun. Teu hilap oge ukeun pidu'a ka pun biang. Gemper aya, tapi abi kalem.
      Diwaktos  mintonkeun ,seer nu midio. Teu disangki sangki viral di sosmed. Sareng abdi ngaraih juara kahiji.
      Alhamdulillah hasil karya abdi tiasa nyandak nami sakola sae. Sareng dina lomba eta abdi janten kasorot ku media. Abdi sering diuleum pikeun ngeusi acara atanapi pernah sakali diuleum ka acara tv.

Penulis : Joker ( Orang jahat terlahir dari orang baik yang tersakiti )

Tidak ada komentar:

Posting Komentar