Minggu, 13 Oktober 2019

Bahaya narkoba

                                    Info bekasi

Atos sholat aranjeuna langsung mulang ka kelas kumargi bel uihan tos di sada.
Dugi di gerbang sélang sabaraha ménit aya Omar ngalewat, Ojan langsung nyauran ngajakan uih baréng.

   Di jalan Danu, Ojan sareung Omar seueur nyarita anu tadi di sakola di bahas ku polisi nyaeta ngeunaan narkoba. Teu siga si Danu jeung Ojan, Omar kalah seueur ngadengkeun.
"Mar, naha anjeun téh repeh wae?"
"Hah teu kunanaon abdi mah"
"Oh syukur atuh ari teu ku nanaon mah"
Nepi di daerah aranjeuna Danu, Ojan, sareung Omar langsung uih ka bumi na.

   Dintén minggon niat na Danu sareung Ojan aya acara nyaéta améng aranjeuna bade mengbal sareung nu sejenna.
"Ojan hayu urang améng" sampér Danu sareung rerencangan nu bade marengbal
"Sakeudap" teu lami Ojan kaluar tos ngangge acuk mengbalna
"Hayu ah langsung ka lapangan"
Ngabring aranjeuna angkat ka lapangan

   Pas nuju mengbal di lapangan, Danu ningali mobil polisi ngaliwat di jalan kumargi lapang na cakét jalan, eta mobil polisi arahna ka daerah aranjeuna. Danu rareuwas bade naon eta polisi beut ka daerah anjeuna? Saha nu katangkep? Patanyaan sagala aya dina otakna Danu. Rerencangana oge langsung paranik.
"Eh aya naon eta mobil polisi satilu-tuli datang kadieu?" Tanya baturna
"Teu teurang puguh, aya naonnya?"
"Kumaha lamun urang atosan heula mengbalna ayeuna urang ningal kaditu?" Tanya Danu
"Muhun lah hayu urang ningal." Aranjeuna langsung angkat uih ti lapang bade ningal aya naon diditu

   Tos dugi di daerah na pas ngaliwat ka bumi Omar, bumi na nuju di garulung ku masarakat. Teu lami bapa na Omar di ceupeungan ku dua polisi langsung di lebet keun kana mobil polisi, di dinya Danu sareung Ojan ningal indung na Omar anu gogowakan leweh teu ridho salakina ditangkép ku polisi, Omar di dinya ngan tiasa calik nyaksikeun bapana di tangkép.

   Danu sareung Omar tambah panasaran aya naon ieu teh nu saleureusna, ti kajauhan Ojan ningal pun biang na aya di dieu langsung anjeuna nyamperkeun pun biang na bade naroskeun aya naon ieu nu saleureusna naha bisa bapana Omar di tangkép ku polisi.

   "Ma, ieu teh aya naon? Naha bapana si Omar tiasa di tangkép kitu ku polisi?" Taros Ojan ka pun biang na
"Itu jang bapana si Omar teh pangedar narkoba."
Ojan langsung reuwas ngadanguna, "Teu nyangka geuning bapana si Omar teh pengedar"
"Puguh, emak ge mimitina teu teurang tapi pas tadi aya mobil polisi jeung deuih di caritakeun ku tatangga"
"Karunya atuh si Omar jeung indung na ayeuna bapana di tangkép ku polisi."

  Saatos kajadian eta Danu sareung Ojan jadi sok karunya ningali Omar nu sok ngalamun waé, jadi calikeun pisan.
"Dan, karunya nya si Omar sok ngalamun wae"
"Nya atuh pastina, budak mana sih nu teu karunya bapana di tangkép ku polisi terus di penjara deuih"
"Muhun puguh, hayu urang sampérkeun si Omar."
"Nya atuh hayu, karunya oge si Omar sok nyalira wae." Angkat Danu sareung Ojan nyampérkeun si Omar anu nuju ngalamun.

Radita

Tidak ada komentar:

Posting Komentar