Minggu, 13 Oktober 2019

Si Juned Jeung Sabu

                          "Si Juned Jeung Sabu"
Rivieaprn




Copyright by : Sinarlampung.com

      Sataun ka tukang aya budak ngarana Juned.Manehna sakola di SMA CAHAYA II,si Juned di sakola ka telah bangorna. Hiji waktu,si Juned ngilu ulin jeung barudak SMA CAHAYA I anu ka telah leuwih bangor tibatan sakola si Juned.Pas waktu rek balik tidinya si Juned dibere keresek ku si Rohman nyaeta ketua geng jeprut di SMA CAHAYA I. “Ned yeuh mere jeung maneh sesa urang nu peuting” pok na teh.
   Pas nepi ka imah si Juned panasaran kana jero eta keresek nu di bere ku si Rohman,kakarek ngambeu eta keresek ge meuni geus ka angseu nyenget kana irung si Juned.
   Lain na bungah si Juned ngadegdeg reuwas pas muka eta keresek ku sabab eusi na nyaeta pil pil barodas jiga obat panadol, “ eleuh eleuh si Rohman nanaonan mere nu kieu,aing mah duh sa umur hirup teu wani nyobaan nu kieu” pok si Juned bari ngadegdeg.
    Sakitu ka telah bangorna,saumur hirupna si Juned can pernah nyobaan narkoba nu jiga di bere ku si Rohman.Si Juned mah udud ge tara mineung ku sabab boga panyakit asma turunan ti indungna.
   Ka isukan nana,balik ti sakola si Juned langsung ka tempat ngumpul geng jeprut anu di cepeung ku si Rohman.Pas nepi si Juned langsung poporongos “Rohman ai sia naon kamari mere aing nu karitu,hampura euy aing mah moal daek ngahakan nu karitu,sing aringeut saria teh bisi paraeh” pok si Juned.
   Barudak geng jeprut sareuri ngadenge si Juned ngomong kitu. “Ai sia kunaon,yeuh ned nu kitu teh ngarana pil LSD mun maneh nginum pil eta kabeh masalah nu aya dina hirup maneh bakal laleungit,heeh teu barudak?” Pok si Rohman bari seuseurian.
   Tidinya si Juned keur hoream ngaladenan geng si Rohman ku sabab kaciri tina cara ngomongna maraneh na keur marabok.Si Juned langsung mulang ka imahna,keur dijalan si Juned mikiran babaturan na nu marabok jiga nu ngeunah eweuh masalah.Tidinya si
Juned boga pipikiran hayang nyobaan narkoba.Nepi ka teu bisa sare si Juned mikiran nana,tuntungna si Juned nelepon ka si Rohman “halo,man aing asa hayang nyobaan euy rasa na mabok teh kumaha,ek nyobaan sakali we aing mah” pok si Juned.Si Rohman seuseurian bari ngomong “tuhnya ceuk aing ge,geus pokonamah isuk montong sakola urang pesta”.Geus kitu si juned nga heeh keun omongan si Rohman.
   Pas isuk na,si Juned mangkat make seragam ti imahna lain ka sakola tapi ka tempat kumpul geng jeprut.Si Juned langsung di sambut ku barudak geng si Rohman “tahh Juned ai kieu mah aing daek jadi cees maneh,geus ayeuna mah ganti heula eta seragam hariwang” pok salasa hiji anggota geng jeprut.
   Si juned langsung ganti seragam terus langsung ngahiji jeung nu sejen bari nungguan si Rohman.Teu lila tidinya si Rohman datang bari seuri mawa keresek nu eusi na serbuk bodas nu sok di sebut sabu.Pas eta keresek di buka kabeh langsung sareuri “wah anyar euy lain LSD barudak” pok salasa hiji anggota geng jeprut.Si Juned ngahuleung bari ngomong “naon etateh euy jiga tipung kitu barodas” nu sejen ting caleungir bari ngomong “ai sia hirup dimana atuh,tah nu kieu teh ngarana sabu tah ieu alat paranti nyedot sabu” pok si Rohman.
   Teu lila kabeh nu aya didinya nyaredot eta sabu tuntungna kabeh teu saladar bari ngalantur ka mana mendi,”ngiung ngiung ngiung ngiung” jol aya pulisi anu nga gerebek eta tempat,kabeh nu aya didinya ngadegdeg rareuwas bari jeung ngalindur teuing kudu kamana.Nu akhirna kabeh pamuda didinya dibawa ka kantor pulisi ka asup si Juned.
  Pas di kantor pulisi kabeh kolot barudak eta di telepon aya nu langsung datang aya oge anu henteu,ka asup indung si Juned anu langsung datang ka kantor pulisi langsung manggihan si Juned bari ceurik ngomong “Juned ai maneh ti iraha daek kieu gusti nu agung lain na tadi teh mangkat make seragam naha jadi di kantor pulisi”pok na teh.Si Juned teu bisa ngajawab ngan ukur bisa tungkul bari hanyakal.
   Si Juned jeung geng eta tuntungna kabeh di tes urin jeung positif make narkoba jenis sabu,jeung langsung di pindahkeun ka tempat rehabilitasi.Salila 2 bulan maranehna di rehab.
  Sa enggeus di rehab maranehna di bebaskeun,salasa hiji na si Juned pas nepi imah langsung menta hampura ka kolotna janji yen moal ngalakukeun deui nu kitu sabab ngaripuh keun diri jeung awak sorangan.Ku indung na tuntungna di hampura asal janji moal kitu deui.
   Tuntungna kalakuan kitu teh ngan bisa nyieun ruksak awak sorangan,geus loba kajadian anu disebab keun ku narkoba.Kudu na arurang generasi rumaja teh ulah ka bawa ku sakaba kaba ulah kabawa kana narkoba,kudu na arurang anu mangaruhan batur ameh ngajauhan narkoba.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar