Minggu, 13 Oktober 2019

Muntang Kana Cahya


           

Pojok jabar-pojoksatu.id

Basa 2 tahun kapungkur Aya budak anu bageur,Sareng dipikanyaah ku sepuhna,anjeunna disakolakeun di SMA 34 Tasik Sareng kabagean di kelas IPS 7.Ti saatos sakola SMA anjeunna gaduh seueur rerencangan,di hiji waktos rerencangan na teh ngajakan ameng ka classic,'Ran hayu ameng  ka classic' ajak Caca 'moal ah sieun' bari naekeun taktakna 'sieun naon,moal aya nanaon ' tanya Caca 'emang nanaonan diditu teh' nanya Rani panasaran 'ah kitu we ngan calik,eueut hungkul' Caca ngajawab 'hayu atuh ran' terusan Caca.Rani mikir abi ngiring ulahnya, nyobian we sakali mah 'hayu bade moal kadon ngalamun' bari nepak taktak 'hayu' jawab rani,pas uih sakola Rani lulumpatan Ngudag Caca disauran  tapi teu ngadangu 'ih rani nya disauran teh teu di dangu nya' carios Rani bari ngos-ngosan 'naon atuh ih' taros Caca 'tabuh sabaraha engke teh' taros Rani 'oh eta,jam 9 we ke ku abi di samper nya'.
   Saatos dibumi Rani bingung kedah wawartos kumaha sepuhna lantaran pami wawartos ka classic pasti moal di widian "Ah wawartos na mah bade kerja kelompok we"geretes hate na.Waktu atos nunjukeun jam 8 rani langsung ka jamban nyandak anduk bade siap2 kanggo angkat kaditu ka classic.'Rani ieu aya rerencangan' mamah rani nyauran 'enya kela mah,nuju siap2 keneh' waler Rani,Rani atos siap terus kaluar dikamar wawartos ka mamahna bade kerja kelompok dibumi Caca.
Rani langsung angkat Sareng  Caca ka classic,pas dugi diditu rani ngadaregdeg lantaran sadaya nu aya didinya naringalikeun ka rani.caca langsung ngajak Rani lebet ka rum,Rani ningali didinya teh seueur pameget Sareng istri anu parendeng rendeng Rani ngarasa isin lantaran istri anu aya didinya teh gareulis saday.teu lami aya pameget anu ngajak Rani calik dina lahunan eta pameget kawitna mah  Rani asa teu enak lantaran tara biasa kitu.Rani di pasihan eueut ku pelayan terus ku Rani langsung di eueut lantaran anjeunna atos haus Rani nyangki nateh minuman biasa da teu terang bahwa eta alkohol Rani seueur eueutna dugi ka tos teu emut nanaon.sedengkeun sepuh Rani dibumina nuju melangeun ka Rani da lantaran jam 12 wengi Acan uih keneh wae ditelepon teu diangkat bade nelepon ka rerencangan na teu gaduh nomerna,sepuh  Rani nangis ngantosan Rani Acan uih uih.ka enjingna sepuh Rani mangkat ka sakola bade laporan bahwa Rani Acan uih kabumi wawartos na Bade kerja kelompok dibumi caca.guru guru di sakolana naroskeun ka kelas na naroskeun bumi Caca,nomer Caca tapi teu aya anu terangeun Aya anu terangeun nomerna tapi pas ditelepon teu aktif.
     Kasiangnakeun sakola SMA 34 booming tentang Rani teu nyangki bahwa Rani sok ameng wengi.Rani anu katingalna bageur tiasa lebet ka dunia kitu,Rani sadar ti pingsan na terus anjeun na bingung teu terang dimana Sareng anjeun na kunaon  tiasa teu di acuk.Rani nangis bingung nyarios ka sepuhna kudah kumaha pami jujur sieun diseuseulan pami teu jujur wawartosna naon.teu Lami aya pameget datang ka Rani naroskeun kunaon rani nangis,Rani wawartos bingung pami uih kabumina sieun diseuseulan pami teu uih karunua ka sepuhna bisi milarian.Pamegetna ngawartosan bahwa  Rani tiasa calik didieu asal tiasa ngalayani anjeunna di classic,terus Rani ngaenyakeun tawaran eta pameget teh.
     Rani ayeuna mah jadi kacanduan narkoba sareng seks,anjeun  sok di anggo kusaha Bae nepi ka anjeunna gaduh  panyawat HIV,lami kalamian anjeunna asa jadi laleuleus,patuangan nyeri,sebel/sok Utah utahan.Anjeunna langsung diparios ka dokter da lamun anjeun na tu damang mah moal tiasa ngalayani pameget anu di classic,saatos diparios dokter ngawartosan Yen Rani teh gaduh panyawat HIV.Rani nangis ngahanjakalkeun kalakukan anjeunna anu kamari Kamari bade uih ka classic da pasti atos moal payu deui,upami uih deui kabumina pasti moal narima da anjeunna Atos gaduh panyawat.
     Anjeunna ukeun bantosan ka rerencangan anu sok di classic kumaha carana ameh tiasa damang deui tapi anjeunna kalah diusir,anjeunna bingung kudaj kumaha lantaran atos di obat kamana kamana anggeur anjeunna linglung dijalan bari nahan nyeri.Teu lami aya koran hibeur Kana awakna ku anjeunna dicandak terus kabaca artikel anu nasibna sami Sareng anjeunna terus ngawartosan lebet ka salah sahiji komunitas anu tiasa masihan  arahan.Anjeunna bade nyobian ngadatangan komunitas terus ngiringan kagiatan kagiatan positif,Atos kami ngiringan komunitas eta anjeunna lumayan sehat Sareng  kapikiran rek jualan online kosmetik da kabeneran manehna resep dandan.manehna ngajakan babaturan sakomunitas na rek jualan online.
     Sataun,duataun usahanya lumayan lancar,nepi ka 3 taun na manehna bisa boga toko kosmetik anu gede Jeung maju Jeung bisa boga cabang.tuluy manehna kaingetan rek balik ka imahna rek menta hampura ka kolotna,geus Panggih Jeung kolot na manehna langsung ceurik menta hampura Jeung nyium suku indungna kolot sarua ceurik ngadengekeun anakna nyarita kumaha baheula na.ayeuna mah manehna teh bisa ngabiayaan Adi Adi na, bisa mere ka kolotna Jeung bisa babagi ka tatangga na.dipikir deui maneh na embung deui abus ka dunia anu baheula geretes hate na.


Dena

Tidak ada komentar:

Posting Komentar