Senin, 14 Oktober 2019

Narkoba Ngarusak Rumaja

Assalamualaikum wr.wb
Sampurasunnn. 


  Simkuring bade nyaritakeun carpon tentang “ NARKOBA NGARUSAK RUMAJA “, tapi sateuacan eta simkuring bade ngajelaskeun naon nu di magsud narkoba.
  Lamun urang ngobrol ngeunaan pikeun bahaya narkoba? Saban dinten, tangtos wae urang sapopoe pastina seueur pisan sasarengan sareng seueur jalmi. Komo deui kanggo pikeun umur rumaja, saleresna emang kedah diseueurkeun interaksi sareng jalmi kanggo ngalatih sikap sosialisasi.
  Nanging naon jadina lamun rumaja jaman ayeuna seueur anu katagihan kana naon anu ngaranna narkoba? Narkoba nyalira singkatan tinana narkotika, psikotropika, sarta obat obatan anu dilarang. Seueur pisan conto narkoba ieuteh, contona Morphine, Heroin, Cocaine, Ekstasi, Ganja atawa Marijuana, Shabu  sarta seueur keneh deui rupina.
Bahayana Narkoba
  Sagala rupa conto narkoba anu di sebatkeun di luhur, henteu kenging di konsumsi, komo deui nepi katagihan. Larangan eta aya margi hiji alesan nana, salah sahijina nyaeta narkoba tiasa ngabahayakeun fisik urang.
  Narkoba tiasa ngarusak jantung urang, margi sifatna anu matak katagihan, narkoba lalaunan ngarusak sistem saraf pusat. Nanging teu eureun didinya, narkoba oge tiasa ngaganggu wartos urang jang sosialisasi.

NARKOBA NGARUSAK RUMAJA
“ Tittt… Tittt… Tittt…” sora alaram rudi si sada nunjukeun jam 05.00 janari, bari lulunguh keneh rudi cengkat papah ka wc nyandak cai hudu, saatos hudu rudi langsung solat subuh di sambung ku maca al-quran.
  Beres maca al-quran rudi langsung mandi beberes buku, nyiapkeun acuk, kanggo angkat kasakola. Rudi murid kelas XI IPS 6, di sakola na rudi kaasup siswa nu ngagaduhan prestasi, rudi sakola di sakola anu kasohor murid na balangor nyaeta di SMAN 74.
  Rudi beres make bajubodas abu langsung ka tempat sasarap, rudi nyapa mamah sareng bapana, “ pagi mah.. pa..” bapa rudi seuri ka rudi, sapaan na di waler ku mamh rudi “ ehh pagi rud “ mamah sareng bapana rudi kaasup jalmi anu sibuk,.
  Saberes sasarap rudi langsung mangkat ka sakola jam 06.45 kusabab caket rudi mangkatna rada beurang, nepi ka sakola jam 06.55.
  Nepi di sakola, rudi di tepak ku para sobatna nyaeta wawan, angga, uni, sareng sopi, maranehna ka kelas bareng.
  Dikelas rudi, wawan, angga, uni, sareng sopi nyarioskeun tentang si imam sareng balad na kelas XI IPS 4, si imam sareng baladna kacida bangorna, tepi ka pernah aya kasus pengeroyokan ka budak SMA 76 musuh bubuyutan SMA 74, nu ahirna si imam di bui saminggu, salain eta si imam oge osok nyabu sareng barudakna.
  “ Tringgg… Tringgg… Tringgg… “  teu lami datang pa guru, beres diajar jam kloter kahiji  beres waktu di ajar waktuna jam istirahat kahiji.
    “ ehh apal teu?? “ saur sopi, “ naon naon?? “ saur angga,  “ etaa tadi urang nempo si imam jeung barudakna keur ngaroko di wc anu di juru “ saur sopi, “ ahh anu bener opi, moal mungkin si imam jeung barudakna wani ngaroko di sakola, apan aya cctv 24 jam di sakola teh “ saur uni, “ ahh teu appall da urang ge nempo na susurumputann sieun kapangiheun “ saur sopi.
  Pas uihan rudi sareng rerencangan na ngarumpul nyarioskeun deui si imam, sopi mere saran si imam the di bejakeun ka guru BK, tapi wawan teu satuju, soalna teu aya bukti, waktos atos sore, rudi sareng barudakna marulang.

  Aya bocoran rek di ayakeun rajiaan dadakan, imam reuwas kusabab manehannana nyandak sabu, barudakna mere saran sabuna di pindahkeun kana kantong batur, sasaran na nyaeta rudi kusabab rudi budak bageur.
  Pas waktu jam istirahat ka dua waktuna solat lohor, kelas rudi kosong teu aya sasaha ku saba sarolat, imam sareng rerencangan na titingalian ningali situasi bisi aya guru atawa murid anu ningali.
  Imam langsung lebet ka kelas rudi, imam langsung kalebet kelas ngalebetkeun sabu kana kantong rudi, sapalih di luar ngajagaan, tanpa sadar kalakuan imam sareng rerencangannana ka rekam cctv anu aya di kelas rudi.
  Solat lohor beres, waktosna rajia dadakan, hiji hiji kelas di pariksaan, bagean kelas rudi di pariksa, rudi nyantai ku sabab rudi ngarasa manehna teu nyandak barang anu dilarang di candak ka sakola.
  Rudi kapayun nyandak kantong na, kantong rudi di pariksa, salah sahiji guru mendakan sabu di kantong rudi, rudi di taros ku guru, rudi bingung sabab teu terang naon anu aya dina kantong, rudi dicandak ka ruang BK di tarosan sagala ku wakasek sareng ku guru BK na.
  Wawan, angga, uni, sopi teu percaya rudi nyandak barang haram kasakola, kusabab maranehna terang persis kumaha sifat rudi, ahirna angga ngajak baladna ningali ka ruang wakasek, maranehna menta izin jang ningali cctv anu di kelas, dina cctv eta katingali jelas yen si imam ngalebetkeun sabu kana kantong rudi.
  Wawan, sopi, angga, uni langsung lumpat ka ruang BK sabari nyandak kopian cctv, jang ngabuktikeun yen rudi the teu salah, di ruang BK tos aya mamah bapana rudi, katingali pisan ku uni mamah bapana rudi katingali kecewa.
  Ahirna angga ngajelaskeun ka guru BK sabari ningalikeun kopian cctv yen saleresnamah rudi teu salah, imam sareng rerencangan na di panggil ka BK, maranehna di taros ku BK tentang kajadian eta tapi maneh ngelak, imam di tingalikeun kopian cctv, imam sareng rerencanganna tungkul da ngarumasakeun salah, ahir na imam di serahkeun ka pihak berwajib, imam sareng rerencanganna di kaluarkeun di sakola katambahan di tahan ku polisi sababaraha taun. TAMAT

Pengarang : Diffa Rama D

Tidak ada komentar:

Posting Komentar