Minggu, 13 Oktober 2019

CAHAYA DILANGIT PEUTING


"Cahaya Dilangit Peuting"


 

https://www.detik.net.id
   
   Simkuring gaduh rerencangan, anjeunna rerencangan cakeut simkuring ti SD dugi ka SMA. Bumina pacakeut pisan sareng simkuring. Unggal bade mangkat sakola meuni nyuhud enjing-enjing tos nyamper ku sabab sieun kasiangann. Naha ari simkuring meuni nyantei anjeunna tos aya di payun bumi, simkuring mah nuju emam keneh. Mangkat oge sareng, kadang mapah atawa naek angkot.
   Tiap dinten anjeunna teu hilap ameng sareng simkuring, bade hujan bade caang. Dugi ka mamahna sok melangeun kanu janten budakna. Tos kabiasaan anjeunna pami nuju hujan sok ngajak huhujanan dugi ka teu raraos. Sawangsulna pami nuju panas sok ngajak amengna ka lapangan. Anehna simkuring kersa diajak ku anjeunna.
   Nuju SD anjeunna budak anu ka tingali pangrajinna. Anjeunna lebeut ka 3 besar wae ti kelas 1 dugi ka kelas 6. Watekna bageur ngan kadang pikaseubeuleun mah. Nuju aya guru oge ngaheureuyan rerencanganna, dugi ka nangis wawartos ka sepuhna. Atuh anjeunna dipanggil ka ruang guru, "Tong ngaheureuyan batur, diajar sing leres." Pok na teh saur guruna.
   Anjeunna mineng diajakan calistung nyaeta maca, nulis sareng ngetang. Kenging peringkat ka 1 wae sakacamatan, atuh bungah nu janten sakola sareng sepuhna. Nuju kelas 6 anjeunna janten panganten upacara adat ku sabab nuju kelas 6 peringkatna ka hiji. Simkuring bangga ngagaduhan rerencangan anu sakitu pinterna.
   Nuju SMP watekna sami teu aya parobihan. Mung  anehna lebet wae ka 3 besar sareng aktif di kelasna. Anjeunna mineng ditarosan ku guruna sareng dipiwarang ngerjakeun soal. Atoh nu aya anjeunna mah aya kasibukan nyalira. Sadaya guru di SMP kenal ka anjeunna, kusabab budakna kersa sareng rajin diajar.
   Ahir kelas 3 anjeunna bingung dugi ka naros ka simkuring, "Bade ka pasantren atawa sakola SMA?" Saur simkuring teh "SMA we simkuring mah, hoyong calik dibumi sareng ngarencangan nu janten sepuh." Anjeunna nuturken ka simkuring, da hoyong sasarengan tea pok na teh. Nuju perpisahan meni nangis ngageunggeuik ka simkuring, da sieun SMA teu sasakola.
   Tisaprak pendaftaran SMA bingung bade lebet nyandak IPA atawa IPS. Da ari simkuring teu resep eetangan, resepna kana maca. Tos we nyandak IPS, anjeunna sami nuturken simkuring da sieun teu aya nu kenal. Nuju pengumuman hate teh meni ngadegdeg sieun teu aya nu kenal, pek na teh sakelas.
   Didinya anjeunna meni atoh sakelas sareng simkuring, lantaran aya pakumaha pami aya nanaon. Nuju semester 1 anjeunna leubeut peringkat ka 3 besar. Ari nuju semester 2 anjeunna meuni nurun pisan dina diajarna. Tugas anu kakantun, kusabab anjeunna kacandak ku rerencangan kana game online.
   Kabiasaan anjeunna calik di warnet. Nuju sakola atawa nuju libur, anjeunna ka warnet wae. Ngan ai nuju sakola mah ti uwih sakola dugi ka sonten calik maen game online. Nuju libur mah ti enjing-enjing dugi ka wengi calik di warnet na teh.
   Dina dinten nuju libur, anjeunna mangkat ka warnet sareng rerencanganna. Warnet eta namina "D'queen" teu tebih ti bumina aya kana 500 m. Aranteng amengna sareng rerencanganna dugi ka wengi, hilap kana emam mah. Layar sareng layar anu ditingali ku anjeunna, teu emut kana salira kumaha kapayunna.
  Nuju sakola anjeunna teu eureun ngagame nuju diajar atawa bade aya guru heunteu aya ge ni anteng. Nuju waktosna ulangan anjeunna popolohokan nyalira teu terang, dugi ka bobona da ku bakat lieur. Di sakola anjeunna padamelanna bobo sareng bobo. Teu bobo ngagame, teu aya kacape hirupna kitu wae.
   Nuju dinten libur mah enjing enjing keneh tos mangkat ti bumina bade ka warnet sareng rerencanganna. Sateu acan ka warnet, anjeunna teu emam di bumina. Anjeunna ngawartosan kabar ka rerencanganna ngaenggal-enggal. Warnet enjing-enjing keneh meni lowong mongpolong, teu aya jalmi hiji-hiji acan.
   Game anu dipikaresep ku anjeunna nyaeta point blank atawa mobil legend atawa disebatna ml. Meuni resep kana game mah, teu eureun-eureun maenkeunna. Warnet anu dicalikan ku anjeunna dina hargana teu patos mahal. Yen mun ti jam 7 enjing-enjing dugi ka jam 10 wengi kur harga Rp 7.000 rebu. Sedangkeun mun ti jam 10 wengi dugi ka jam 8 enjing-enjing hargina Rp 15.000 rebu.
   Mun dietang-etang anjeunna tos nyeapkeun waktos 13 jam. Emam anu kirang kajaga, bobo anu teu teratur, jeung ibadah anu kirang. Dina prestasi oge turun, dina anu asalna leubeut 3 besar janten ka 20 besar. Ngan anjeunna hare-hare teu ngemutan, mani cuek pisan.
   Libur semester 2 aya acara lomba point blank. Anjeunna teu hilap ngiringan acara eta, partisipasina acis Rp 10.000 rebu. Yen anu kenging teh, kenging acis Rp 500.000 rebu sareng pulsa Rp 20.000 rebu. Acarana dimulai ti enjing enjing dugi ka wengi.
   Anjeunna wawartos ka mamahna bade mondok di rerencanganna. Kusabab pami wawartos aya acara game moal di widian ku nu janten sepuhna. Tos rengse acarana, anjeunna kenging ka 1. Langsung uwih ka bumina enjing-enjing. Bobona meni tibra, pas gugah anjeunna teu tiasa ningali nanaon kur warna hideng sadaya.
   Sababaraha kali ngedipkeun socana, angger hideng anu ditingali. Anjeunna ukeun bantosan ka sepuhna "Ema..Ema!" Anjeunna ngageroan satarik-tarikna. Sepuhna rewas tara biasana ngageroan satarik kitu. Anjeunna nyaritakeun anu sadaya di raoskeun.
   Teu lami kitu sepuhna langsung dicandak ka puskesmas anu cakeut tibumina. Teu lami dokterna tiasa nanganina da nuju lowong teu seueur pasen. Anjeunna nyaritakeun anu nuju di rasakeun ku anjeunna ayeuna teu tiasa ningali. "Hapunten bu, retina putra ibu dua-duana teu berfungsi deui, aya kamungkinan nyebabkeun kabutaan permanen, ngora keneh mun ngalakukeun operasi, sieunna gagal jeung ngajieun keadaan beuki parah." Ceuk dokter
   Anjeunna didinya ngajenghok rewas ngadangu cariosan ti dokter tadi. Sepuhna percanteun teu percanteun yen budakna tiasa dugi ka buta. Sepuhna ngaraos lepat teu tiasa ngadidik budakna anu saleres-leresna.
   Tos kajantenan ieu, anjeunna kur bisa ngariripuh kanu janten sepuhna. Anjeunna ngorbankeun sadayana nu dianggap penting kur maen game. Anjeunna nyadar naon anu tos dilakukeun salami ieu teu aya manfaatna kangge anjeunna. Awak jadi taruhanna, awakna alit kusabab emam anu teu kajaga, pikiran eusina hal-hal anu teu manfaat.

   Ti kajadian eta, anjeunna mikir yen kumaha tiasa ningali deui. Anjeunna ngamuhasabah diri ka Alloh hoyong sehat. Tapi ti lian eta, anjeunna oge bersukur yen sepuhna tiasa maturan nuju anjeunna teu tiasa ningali. Ti sisi lain anjeunna muka usaha kiripik, mani payu eta kiripik teh. Padahal sami sareng batur, lantaran anjeunna ngagaduhan resep anu beda sareng ni sanes. Tidinya anjeunna aya usaha ngaicalan kiripik, lantaran teu tiasa ningali mung dibantosan ku nu jadi sepuhna.



Zulfa Izzatun 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar