Minggu, 13 Oktober 2019

Ngapung Ka Nagri Sabrang


                            By : SOLOPOS. Com

Fitryyy 

Diajar nyaeta hal anu kedah dilakonan salaku urang budak sakola, diajar sing getol pikeun engke  ngahontal cita-cita. Wati nyaeta murid anu katelah boga prestasi di sakola na di bidang biologi. Wati anu kacida pinterna anjena tiasa ka candak ka tingkat internasional, tapi teu langsung anjena dugi kadinya aya lalampahanna saacan dugi ka dinya.
Ngawakilan ti provinsi Jawa Barat, Wati lain samanea anjena murid anu di mumule ku guru sareng sadayana warga sakola. SMA 91 di Tasikmalaya janten SMA pang ka koncarana ku sabab gaduh murid anu gaduh prestasi na sampe dugi ka internasional.
Kaayaan ekonomi Wati sanes ti jalmi anu benghar atawa jegud, tapi anjena ngan saukur budak tukang donat, ku sabab wati budak anu gaduh prestasi anjena sakola di waragadan ku pamarentah nyaeta beasiswa tea namina.
Enjing-enjing tabuh 06.30 Wati tos aya di kelas, anjena sumping enjing keneh sanes bade ngerjakeun PR kawas rerencangan na anu sanes. Tapi anjena sok rajin maca buku hela boh buku pelajaran atawa neraskeun buku novel na.
Wati dipanggil ku guru biologina jeung ngawartosan aya olimpiade tingkat kota di Tasikmalaya.
Cek Ibu Nani  teh " Wati, ibu ngawartosan sasih Oktober engke sakola urang ngiringan olimpiade tingkat kota di bidang biologi. Tah wati ka candak ngawakilan sakola kanggo olimpiade ieu ".
" Alhamdulillah bu hatur nuhun, insyaalloh abi bade diajar langkung-langkung ti biasana " Wati ngawalerna.
Saatosna ti ruang guru Wati bungah na anu kacida nyaeta Wati janten wakil ti sakola kanggo olimpiade di bidang biologi tingkat kota. Wati lamun dinten mingon sok nga bantos sepuhna nyaeta icalan donat nguriling.
Diajar sareng seuer maca anu matak bisa Wati janten wakil sakola, mung anjena oge aya deui do'a ti janten sepuh anu matak budak janten sukses. Sepuh na Wati teu cape ti enjing dugi ka wengi ngado'akeun ka anu janten budak.
Rerencangan Wati seer anu masihan sumanget.
Salah sahijina asep.
" Wat, semangat olimpiade na ".
Sareng seuer cariosan anu sanes na anu matak masihan sumanget sareng motivasi ka Wati.
Sasih Oktober, dimana Wati bade ngawakilan sakola na di tingkat kota. Anjena gemper ngadeg deg ningal saingan anjena ti sakola anu ka koncara, mung anjena te alit pangharepan anjena tetep sumanget ngiringan eta olimpiade.
Aya waktu samingon deui kanggo Wati kana acara olimpiade anjena teras di geder diajar sareng ngulik terus kisi - kisi, bisi aya soal anu sami sareng dina kisi-kisi eta.
Saenyana Wati kaajak olimpiade di bidang biologi tapi anjena teu janten ngedul kana pelajaran anu senes, conto dina pelajaran matematika, fisika sareng sajabana anjena oge sok sakapeng aktif ngawaler.
Dinten dimana Wati olimpiade, anjena enjing-enjing atos ka sakola soal na Wati angkat tabuh 07.00 ka tempat olimpiade na sareng guru biologi na Wati, anjena gemper ningal saingan na tapi anjena teras ngado'a sareng mikir positif teras meh rada ngaleungitkeun eta rasa gemperna.
Sakola dinten senen ungal jam ka hiji na sok upacara hela, Wati biasa ngabaris dijajaran istri kelas anjena. Di akhir upacara wakil kepala sekolah nga bewarakeun nyaeta Wati ngakeungingkeun pinunjul ka-2 olimpiade biologi di tingkat kota, masing teu ngakengingkeun juara-1 tapi anjena teu putus sumanget na sahenteuna anjena atos bajoang kanggo sakola na.
Bel sakola tos disada tring...tring...tring
SMA 91 bubaran , iwal Wati anjena dipanggil hela ku kepala sakola anjena teras ka ruangan kepala sakola. Wati diapresiasi dipasihan artos sareng piagam ti sakola.
Sasasih tidinya Wati kapanggil deui ku sakola nyaeta anjena kacandak ka tingkat provinsi, anjena sanes dei olimpiade sareng orang Tasik tapi sa Jawa Barat anjena bakal dipanggihkeun. Wati bakal teras terasan getol dei diajar na soal na lamun atos di tingkat provinsi ieu mun anjena ngakengingkeun pinunjul ka-1 anjena bakal kacandak ka tingkat nasional.
Olimpiade di tingkat nasional bakal enggal diayakeunna tilu sasih ka payun dei, Wati teras getol diajar soal na anjena alim ngalelebar waktos. Wati unggal uih sakola anjena tara waka uih tapi anjena aya diajar tambihan kanggo engke olimpiade tingkat nasional.
Olimpiade tingkat nasional bakal di ayakeun na di Jakarta.
Dinten Kemis, sasih Februari anjena bakal angkat ka Jakarta. Wati ti sakola na naek bes anu atos disadiakeun ku sakola. Sababaraha murid aya anu ngiring ka Jakarta kanggo janten panonton na. Di tiap sakola na kedah aya panonton na atawa tiap daerah na.
Olimpiade tingkat nasional dinten saptu ayena diayakeun na, Wati gemper soal na anjena bakal pendak sareng saingan na anu sa Indonesia bakal aya di eta tempat. Para panonton di tiap daerah nyorak sorakeun merekeun sumangetna ka anu keur janten wakil ti provinsi na.
Wati kaluar janten juara ka-hiji anjena teu seuer nyarios, anjena sujud sukur ka gusti Alloh anjena cerik bungah.
Sauih na ti Jakarta Wati masihan kabungah ka  sepuhna, kolot na Wati oge sami cerik bungah eta budak na tiasa mere ka bungah sanes ku harta wae tapi eta hasil ti diri anjena.
Olimpiade biologi anu tingkat internasional ieu bakal diayakeun na di Singapura, di salah sahiji Universitas Singapura.
Di kelas na Wati seer anu masihan ucapan selamat sareng aya oge anu masihan hadiah kanggo Wati.
Nanad anu mere eta hadiah ka Wati " Wati, ieu aya hadiah kanggo Wati ti abi sabagai Wati atos matakreues ieu sakola sareng provinsi Jawa Barat ".
Saur Wati " Hatur nuhun, Nanad. Mugia digentos langkung-langkung ti ieu ".
       Sa sasih kapayun Wati bakal dicandak ka Jakarta, soal na Wati bakal di aping anu lewih ti saacan na.
Di Jakarta Wati nyalira, anjena anu kapilih janten wakil ti Indonesia anu bakal olimpiade biologi di Singapura engke na. Anjena sok di longokan ku sepuh na dua mingon sakali. Ti pihak sakola oge sami sok aya ka Jakarta.
Sasih ayena Wati angkat ka Singapura, kana kapal anu geus disiapkeun ti panitia olimpiade. Guru biologi, kepala sakola, sareng sepuhna Wati anu tiasa ngiring soal na anu di pasihan tiket na kur pangseuerna 5 jalmi.
        Singapura, tabuh 17.35 Wati atos aya di hotel anu tos disiapkeun. Anjena istirahat kanggo enjing persiapkeun diri kanggo olimpiade tingkat internasional. Anu di Indonesia saukur tiasa ningali na kana pakakas komunikasi.
Wati gemper ningali saingan na anu ti sababaraha nagara. Anjena oge kedah nganggo bahasa internasional nyaeta bahasa inggris.
Di babak panuntung Wati  rek ka bedag ku jalmi ti Jepang, mung anjena bisa naekeun nilai na di babak rebutan. Anu tungtung na Wati janten pinunjul di eta olimpiade bidang biologi ka- 1 internasional. Sadaya na anu ngiring ka Singapura teu aya anu cerik sareng sujud sukur, aranjena cerik bungah nyaeta Wati bisa ngaelehkeun saingan na anu koncara pisan.
       Wati balik ka Indonesia mawa hadiah 1M sareng emas. Wati teu nyangka anjena bakal janten juara ti olimpiade internasional eta.
 Kelas tilu, ayena Wati atos tingkat akhir sakola na. Anjena Wati fokus ka ujian ujian akhir nyaeta UNBK anu paling utamana. Wati atos rengse sakola  SMA na , anjena janten mahasiswa terbaik di UNIVERSITAS PADJAJARAN, jurusan Sains-biologi.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar