Senin, 14 Oktober 2019

Jaruji Maseuk Diri


Jaruji maseuk diri

Carita ieu kawitna di salah sahiji sakola SMA anu kasohor alusna dinu ngajarna. Kring kring kring~~ sora bel nandakeun yen barudak kudu lebet ka kelasna masing masing.
  Kuring pas kawitna lebet ka kelas kuring bingung kusabab di kelas kuring teu aya anu di pkakenal ku kuring.
  Teu lami ~~kring kring kring~~ suanten bel tandana istirahat. Waktosna istirahat kuring angkat ka kantin nyalira,teu lami kuring patepang sareng kaka kelas nyaeta rerencangan skuring kaleresan rerencangan kuring teh tatanggi dibumi
  Kuring ge teu nyangki rerencangan kuring teh sakola didieu. Teras kuring teh jadi aya batur pami bade kamana mana teh henteu nyalira wae.
  Teras kuring teh diajakan ku rerencangan ka 1 tempat parkiran motor didinya seueur barudak sakola anu keur ngararoko.Aya oge barudak sakola sejen anu ngiiring kempel di tempat eta.
  Saatos kuring diajakan ku rerencanngan kuring ka tempat eta kuring dikenal kenalkeun ku rerencangan ka barudakna,kuring kawitna sieun ka tempat eta teh da ningali barudakna jiga anu garalak.
  Tapi saatos dikenal keun kuring lepat sangki ka barudak eta teh da padahal mah hente garalak ngan saukur dinu rupina hungkul jiga nu garalak. Saatos karenalan sareng barudak eta kuring wengina di ajakan ameng ku barudak.
  Teu lami barudak teh nyamper ka bumi, 'Koh.Hayu ameng ka luar' kuring mangkat kaluar bari teu wawartos ka pun biang. Saatos kuring diajakan ameng wengi ku rerencangan sareng barudak kuring diseuseulan ku pun biang kumargi kuring teu wawartos ka pun biang bade ameng wengi.
  Pas enjingna kuring sakola, teras aya nu ngajakan mabal sakola nya eta rerencangan kuring. Teras kuring teh nolak ajakan ti rerencangam kuring teh kumargi kuring nyaho etateh kalakuan anu goreng.
  Teras rerencangan kuring teh keukeuh hayoh wae ngajakan mabal sakola bari kuring di ancam. Kuring jadi hoyong ngiring mabal sareng rerencangan kuring da ngadangu eta ancaman nana.
                   Tanggaislam.blogspot.com

  Teras kuring di candak ka 1 tempat deui nyaeta tempat kosan didinya seueur deui barudak nu marabal sakola. Kuring ngarasa teu ngeunah rarasaan kumargi kuring ngalakukeun hal anu goreng.
  Teras rerencangan kuring nyamper keun kuring bari nepak kanu punduk kuring bari nyarios 'ngges ulah di pikiran kalem keun we, moal nanaon iyeuh' kuring cicing we bari seuri. Teu lami rerencangan kuring nawar keun roko ka kuring teh,kuring hoyong we ngaroko da ningali batur ngararoko teras bade ngaraosan kumaha sih rasana ngaroko teh
  Kawitna kuring teh di salengseri keun ku barudak teh da Margi kuring teh teu bisa ngaroko da nembean ngaroko. Saentos kuring nyobian ngaroko kuring  cicing di kosan dugi ka bubaran sakola.
  Teras teu lami kuring wengina di ajakan deui ku barudak sareng rerencangan kuring ameng kaluar deui da pedah malam minggu tapi ayeuna mah kaluarna bade ka tempat kosan deui. Teu lami kuring di jemput deui ku rerencangan ka bumi, kuring buru buru kaluar bari teu ngawartosan deui ka pun biang bade kaluar kumargi lamun kuring wawartos ka pun biang sok tara di widian kaluar wengi.
  Saatos dugi ka tempat kosan rerencangan ngarencanakeun hoyong ngayakeun pesta mabok mabokan tapi kuring nolak, nanaonan ngiringan nu kararitu barudak sareng rerencangan keukeuh hayoh we hoyong wae jadi eta pesta mabok teh. Teras rerencanga kuring kaluar kanu motor 2an jigana bade meser caina.
  Teu lami rerencangan anu 2an tadi dongkap bari nyandak 4 botol cai. Barudak Atos teu salabaren, teu lami botol nu ka 1 di buka kuring ningali keun we. Teras rerencangan kuring teh nawisan ka kuring , kuring nolak. Teras kuring di paksa kudah nginum eta cai, kuring kapaksa nginum eta cai.
  Teu lami acara eta beres, mastaka kuring ngarasa lieur kacida kuring teu bisa nanaon ngan kur bisa cicing we hungkul, teras kuring kasarean dugi ka enjing,teras enjingna kuring gugah da pedah aya sora anu utah utahan, jiganamah eta rerencangan kuring anu kamari nginum na loba teuing dugi ka utah utahan.
  Teras kuring uih ka bumi kanu angkot da rerencangan kuring talepar,di lebet angkot ngambeu awak kuring bau cai alkohol, di perjalanan hate kuring ngarasa teu ngeunah.
  Sa atos dugi di bumi kuring buru buru lebet ka kamar buru buru gentos acuk da bisi kapendak ku pun biang sareng pun rama. Teu lami pun rama dongkap ka bumi bari ningali ka kamer kuring teras pun bapa ngambe bau cai alkohol. Kuring di carekan pedah kuring Kapanggih mabok teu lami pun biang dongkap ka bumi bari naroskeun ka pun bapa aya naon
  Pun rama ngawartosan ka pun biang, pun biang nyeuseulan ka kuring bari ceurik kuring ge jadi miluan ceurik ku sabab kuring sok tara kuat ningali pun biang ceurik. Teu lami kuring ningali pun rama nyandak tas teras ngabus ngabus keun acuk simkuring kanu tas, teras simkuring di usir di bumi simkuring ceurik bari menta hahampuraan ka pun bapa sareng pun biang pun rama saking emosi na maksa simkuring angkat dibumi
  Simkuring menta tulung ka rerencangan kuring supados kuring bisa sare di bumina rerencangan kuring nolak bari inditt simkuring jadi teu boga deui sasaha. Rerencangan teu aya, pun rama ngusir kuring di bumi. Simkuring jadi nalangsa, teu lila polisi datang teras newak kuring polisi nyangkana kuring teh gelandangan jalanan. Kuring di bawa ka kantor polisi bari di tahan simkuring bingung rek menta tulung ka saha deui,kuring tos teu gaduh sasaha deui ngan saukur tiasa ngaraosan kasedih.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar